upami teu lepat tempatna teh, leres cimareme. kalebet
kacamatan banyuresmi. kaleresan lebakeun kampung
kuring. kapungkur mah, tiap taun sok aya acara
pangeling-ngeling, perjoangan h. hasan, ku masyarakat
sabudereunana. kabehdieunakeun, asa jarang deui
kapalire. upami kang oman ka banyuresmi, tiasa
dijugjug ka arah leuwigoong teras ka limbangan. salian
ti h. hasan aya deui tokoh sanesna, nyaeta pahlawan
atam. tempat kajantenana paeunteung-eunteung sareng
cimareme. lengkepna mah urang antosan dongeng kang
kumincir. he he he.

baktosna,
mh

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Adnan sareng Kang Hasan,
>  
> Ngiring aub sakedik mangrupi patarosan, namung sanes
> dini jihat teknis scan teks sareng acrobat reader,
> ieu mah perkawis kajadian genjlong Garut tea. Ieu
> kajadian patula-patali sareng aspek heroisme
> masyarakat Tatar Sunda anu jarang ditabeuh dina
> wacana sajarah nasional (aya anu heunteu dicatet
> pisan, aya oge anu sok sanajan dicatet tapi basajan
> pisan, beda jeung kajadian di tempat seler sejen,
> upamana kajadian 12 jam Yogyakarta direbut ku
> tentara urang, jsb).
>  
> Kang Adnan, ari Garut teh kawilang lega oge. Naha
> aya katerangan dimana eta kajadian Genjlong Garut
> teh persisna? Naha sanes kajadian anu di Cilame
> (duka Cimareme, punten hilap deui), Leles tea eta
> teh kitu? Upami leres anu dimaksad Genjlong Garut
> teh kajadian anu ngawitanna di Leles tea, kantos
> sababaraha taun kepengker majalah "Mangle"
> nerbitkeun "reportase"-na. Mangga Kang, sim kuring
> ngantosan pedaran saterasna kajadian Genjlong Garut,
> utamina ngeunaan lokasina, dimana persisna eta
> kajadian mimitina sareng saha bae tokoh-tokohna.
>  
> Baktos,
> manAR
>  
> 
> Ia_adnan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nyeta teu tiasa, Mang. Jigana mah pedah salinanana
> goreng (hideung), jadi
> weh scanner/acrobat readerna teu bisa ngabedakeun
> antara teks jeung gambar.
> Diblok teh teu nyanggut wae... Pami hoyong nu aslina
> mah nya paling dina
> format gambar wae nya, tapi ke heula, kedah discan
> heula...
> 
> Edas, ari Mang Ha. Kapan sateuacanna ge diseratkeun,
> yen nu ngarangna Moh.
> Sanoesi, penerbitna "Padjadjaran". Simkuring teu
> terang naon ari  saleresna
> anu disebat "Padjadjaran" di dieu, da jigana mah
> sanes wungkul ngaran
> penerbit, jigana mah sarupaning organisasi. Buku ieu
> terbit bulan oktober
> 1919.
> 
> Sakantenan atuh urang dongengkeun sakedik perkawis
> nu janten latar ieu
> tembang, nyaeta kajadian nu katelah GENJLONG GARUT
> atawa GARUT GENJLONG teh.
> Ka nu uning alangkung paos, mugi kersa
> ngalereskeun/ngalengkepan dina
> kakiranganana...
> 
> Kuring poho deui taun sabaraha persisna ieu
> kajadian, awal2 abad ka-20 we
> lah (nempo terbitna ieu buku taun 1919), jaman urang
> dijajah keneh ku
> Walanda. Sawareh rahayat nu diluluguan ku H. Hasan
> (basis pasantren) nolak
> kahayang pamarentah jajahan nu naekkeun pajeg hasil
> bumi (utamana hasil
> tatanen pare). Hal ieu manjang nepi ka kaayaan beuki
> panas, duanana
> pakeukeuh-keukeuh. Pamarentah lokal nu dipingpin
> ku--nu dina buku ieu
> disebat--Si Cadok tea beuki nekad. Nya kitu oge
> pihak H. Hasan. Nalika pihak
> pamarentah ngajorag tempat H. Hasan, anjeunna sareng
> sababaraha urang anak
> buah/muridna pengkuh teu nedunan kahayang dalem.
> Aranjeunna ngumpul di hiji
> imah nu ditutup rapet. Sanggeus sababaraha kali
> dititah kaluar teu nurut
> wae, antukna eta imah teh ditembakan bebeakan.
> Saterusna mah nu aya teh
> aworna sora bedil ti luar jeung koceak sarta takbir
> nu dijero imah, nu tiwas
> aya kana welasan pami teu lepat.
> Kajadian ieu matak geunjleung pamarentah Hindia
> Walanda, sabab kaekspos nepi
> ka Volksraad. Pihak pamarentah Walanda loba
> disalahkeun, sabab sabenerna teu
> kudu nepi ka banjir getih, cukup ku ditewak, da teu
> aya perlawanan fisik.
> 
> --
> k#5
> 
> --------- Original Message --------
> > acrobat reader 6.0 bisaeun jk. bisa milih teks
> atawa
> > gambar ngarah bisa diropea ku editor. malah bisa
> oge
> > direkam jadi file teks. mun di-scan lengkep,
> leuwih
> > ginding geura. keur mitembeyan nurutan 'gutenberg'
> > tea. sakalian atuh katerangan bukuna anu lengkep,
> > judul, pangarang, penerbit, jeung titimangsana.
> 
> ________________________________________________
> Message sent using QuasarMail 1.0
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> vote.yahoo.com - Register online to vote today!
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke