Sacara formal, asana geus pasti, di urang pada2 teu panuju kana praktek
eutanasia. Tapi kumaha anu "terselubung"?
Maksud kuring terselubung teh misalna dina kasus hiji pasen, kasakitna geus
parna pisan, tos teu emut2 acan, koma, kari sahoseun paribasana mah. Tapi
kusabab katunjang keneh ku peralatan medis, alat bantu engapan, infus, jeung
sajabana, eta pasen teh TEU HOS bae. Kusabab pihak kulawarga geus PASRAH
TUMARIMA KANA KADAR PANGERAN, DINA PUPUSNA GE REK DIRIDOKEUN, nya pasen teh
dicandak mulih. Teu sabaraha lami ti dicandak mulih, eta pasen pupus. Naon
bentenna ieu sareng eutanasia?
Atanapi misalna, geuning urang kadang ngadangu, aya nu teu damang tos teu
kersa dicandak ka dokter, da saur raraosanana tos caket ka ajalna. Padahal,
sacara medis, pami ieu nu teu damang dicandak ka dokter, teras dirawatan,
masih aya kamungkinan hirup. Naon bentenna ieu sareng eutanasia?
Jodo, pati, bagja, cilaka, Pangeran nu nangtukeun. Tapi Pangeran oge maparin
sunnatulloh, mekanisme, sareat, cukang lantaran.

--
k#5

--------- Original Message --------
> Eutanasia, sigana di urang mah moal disaluyuan sok sanaos anu
> nyuhunkeun teh ti anu nandangan kasawatna pisan. Teu aya sanes,
> jalaran dugi ka ayeuna anu kapendak, heunteu aya hiji oge katerangan
> anu ngijinkeun jalmi nelasan maneh atawa ditelasan ku batur kalayan
> teu aya hak. Sakumaha katerangan Kang Dhanny, aya oge meunang
> nelasan batur sacara hak (syarat tinangtu), namung teu aya hiji oge
> katerangan agama (khususna Islam) anu netelakeun yen hak (syarat
> tinangtu) eta teh kalebet kasangtukang Eutanasia.
>
> Miresep eutanasia teh sok emut kana novel sareng film anu aya
> pakaitna jeung ieu kasus. Pogot pisan macana/lalajona. Diantawisna
> bae novel (anu oge tos di-film-keun) "God Player". Rame pisan.
> Umumna "pelaku" dina novel-novel atawa film-film jejer eutanasia
teh
> seueur dokter. Eutanasia pakait awor sareng widang kedokteran anu
> ngawengku ugeran harti (definisi) hirup "vis a vis" maot. Kitu
oge
> upamai seja terus dipadungdengkeun.

________________________________________________
Message sent using QuasarMail 1.0



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke