Title: RE: [Urang Sunda] Cupumanik MJ Kania
geuning tah Pa Budhi saurang Parasman (Perancis), kawitna ti mana persisna : ti nagara Parasman teu?
----- Original Message -----
Sent: Saturday, September 25, 2004 7:36 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cupumanik MJ Kania

Nepangkeun oge kang Yordano atanapi kang Sanco ?
 
Abdi Budhi, urang perancis alias peranakan ciamis ti turki alias turunan kidul... ayeuna nuju ngumbara oge, rorompok mah papayun-payun sareng apih sidik mung kahalangan ku ... laut korea .. he .. he .. he ..
 
Akang di Inco nya ? pami teu lepat aya senior kuring di dinya teh, kang Ahmad Gunara di HRD, salam upami sadivisi mah ... nuhun ...
 
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Saturday, September 25, 2004 2:48 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Cupumanik MJ Kania

Para wargi,
Abdi bade ilubiung dina ieu milis,nepangkeun wasta pribados Agus Yordano Sanco. Ieu nami teh pamasihan pun bapa kumargi anjeunna nuju kasengsem ku film koboy, 35 th kapeungkeur. Abdi pituin urang sunda kumargi pun bapa kawit ti Ciamis samentawis pun biang ti Tasik.

Ayeuna abdi nuju ngumbara di taneuh sulawesi parantos aya lamina 7,5 tahun. Punteun bilih cacariosan abdi sugal tur garihal kumargi tos kirang lancar deui.

Hatur nuhun, A. Sanco



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke