Assalaamu'alaikum,

Kahatur baraya sadaya, hususon ka baraya enggal di ieu milis. 
Wilujeng sumping, wilujeng tepang sareng Komunitas Urang Sunda di 
Internet (KUSnet) saalam dunya di rohangan ieu milis.
Salajengna ti pangbagea, simkuring seja ngawawarkeun perkawis acara 
halal bihalal/kongres KUSnet nu direncanakeun bade lumangsung dua 
minggon satutasna boboran siam, sasih Nopember engke. Kanggo langkung 
jentrena, mangga aos uleman di handap ieu.
Dugi ka ayeuna, nu parantos daptar aya 45 anggota, total nu 
didaptarkeun aya 90 urang dewasa, ditambih 33 urang anak bawang. Ka 
nu teu acan daptar, mangga diantos.

Wassalaam,
Baktos,

sikandar tea, kuncen pangbaongna

---------------------------------------------
Kahatur,
Para wargi sadaya, komunitas urang Sunda di Internet.

Sakumaha anu sateuacanna kantos didugikeun sarta kauninga ku sadaya,
yen aya rarancang Kongres (ngawangkong teu beres-beres) Komunitas
urang Sunda di Internet (Kusnet)/Yayasan Perceka, sakantenan halal
bihalal/silaturahmi nyambut Boboran Siam 1425 H. Ku kituna,
saparantosna badami itu ieu sareng sajabina, simkuring ti rengrengan
nu kapeto janten panitia ieu acara, ngabewarakeun sarta ngulem ka
sadaya wargi kanggo sumping dina acara dimaksad nu insyaAlloh seja
lumangsung dina

Dinten : Saptu, ping 27 Nopember 2004
Tempat : Taman Rekreasi Cimalati (Sukabumi)
Waktos : tabuh 10.00 dugika rengse

Sim abdi saparakanca tirengrengan panitya halal bi halal ageung anu
dipiharep kana kasumpingan sadaya wargi dina waktosna.
Jalaran keperyogian administrasi, sasayagian konsumsi sareng sajabina,
kanggo para wargi anu rencana bade ngiring ngaluuhan eta acara,
disuhunkeun karidoan manahna kanggo ngeusian formulir pendaftaran
(conto formulir aya di handap). Sakitu anu kapihatur, wilujeng tepang
di Cimalati.

Bogor, 4 oktober 2004
Pupuhu Panitya

Eko R. Nugraha
-----------------------------------------

Catetan:
* Panitya nyayagikeun 30 'panyangcang hate' oleh-oleh ti Korea kanggo
anu sumping pangpayunna
* Kanggo anu nganggo kaos Kusnet atanapi kaos anu nyumiratkeun
kareueus kana kasundaan, haratis lebet ka Taman Rekreasi Cimalati)

--------------------------------------------
Formulir Pendaftaran
--------------------------------------------
WASTA : Eko Ruska Nugraha
PADUMUKAN: Bogor
JUMLAH*: Dewasa …2… (jalmi)
Murangkalih .1. (jalmi)
SARANA TRANSPORTASI**: (Umum) pribadi atanapi umum?
TITIK BERANGKAT***: Bogor

Mangga Formulir pendafataran di kintun ka email:
[EMAIL PROTECTED]
Pendaftaran dugikeun kaping 15 Oktober 2004





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to