> > > Buat yang ngarti silahkan ketawa....yang enggak,
> > > kaciiiian deh lo!
> > > >
> > > >
> > > > Yeuh no sok susundaan wae, aya bahan saeutik.
> > > > Hapunten kangge anu tos "paham" ceritana ...
> > > > he..he.. :)
> > > >
> > > > Di kelas Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah
> > > > "the killer" ceuk barudak mah. Barudak awéwé mah
> > > > biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu
> > > > borokokok.
> > > > Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést
> > > > murid-muridna.
> > > >
> > > > Poé kahiji. "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal
> > > > irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang
> > > > balik ti heula ! ", saur ibu guru
> > > > Lia. "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu
> > > > kaluar ti kantor ! ", ibu ngancem
> > > > "Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu
> > > > guru Lia naros.
> > > > "Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
> > > > "Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi
> > > > katelah tukang heureuy.
> > > > "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel
> > > > PR".
> > > > "Nangtung dihareup ! Dadan ! "
> > > > "Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di
> > > > dapur alatan teu gaduh béas"
> > > > "Nangtung dihareup ! Dikdik ! "
> > > > "Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk
> > > > Maringgih "
> > > > "Nangtung dihareup ! Yusuf ! "
> > > > "Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung
> > > > Paléstina"
> > > > "Nangtung dihareup ! Mahmud ! "
> > > > "Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "
> > > > "Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup !
> > > > Endang !
> > > > "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar
> > > > leumpang "
> > > > "Nangtung dihareup ! Nandang ! "
> > > > "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
> > > > "Nangtung dihareup ! Naddy ! "
> > > > "Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
> > > > "Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Epul !
> > > > "
> > > > "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
> > > > "Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! "
> > > > Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus
> > > > ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku
> > > > bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... téh
> > > > hitut !
> > > > "Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan :
> > > > " Kaluar kabéh ! ", ibu Lia bendu.
> > > >
> > > >
> > > > Poé ka dua.
> > > > "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present
> > > > continous, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti
> > > > heula ! ", saur ibu guru Lia.
> > > > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar
> > > > ti kantor ! ", ibu ngancem
> > > > "Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !",
> > > > ibu guru Lia naros.
> > > > "Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan
> > > > ".
> > > > "Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni !
> > > > "Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka
> > > > weureu daun"
> > > > " Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh
> > > > ! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !", bu Lia
> > > > bendu.
> > > > " Ah moal bu, buktosna rama ngajar di TC séhat-séhat
> > > > saja tuh...."
> > > > " Heueh da gajihna béda jeung guru SD !
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

<<winmail.dat>>

Kirim email ke