Upami ditarik biaya....atuh moal seueur anu sumping Teh....!!!!
Apan para wargi anu kersa sumping oge tos ngaluarkeun biaya anu henteu sakedik,
tingawitan ongkos angkutan, meser tiket lebet ka Taman Rekreasi Cimalati (kanggo anu henteu nganggo kaos Kusnet/Kasundaan), kanggo anu bade kulem/ngendong kedah mayar bungalow, sareng biaya tuang wengi...
Perkawis ngeneng-ngeneng hadiah(door prize), pan urang mah sanes "Perusahaan", mung mangrupi pakempelan (anu teu acan janten kitu oge).
Sakitu Teh..... punten nya.....hehehe..
Pihatur
SSW
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang, saur teteh mah kedah ditarik wae biayana, kedah sabaraha tiap urang na..? anu mondok sareng anu heunteu....
Kanggo panarilk supados tiasa darongkap eta baraya kedah aya hadiah sapertos "Door Prize", naon wae lah..ti anu hadiah alit ( lulumayanana ), sapertos buku atanapi kaset dugi ka hadiah 'Sapeda Motor" moal teu darongkap geura, sapertos acara di Radio " suara Surabaya " nembe kamari ngayakeun temu pamiarsa, hadiah na sakitu ageungna.....anu darongkap seueur pisan, kumargi aya panarikna., Tah atuh urang mah tong sepeda motor, sepeda pancal oge tiasa...he he
teh tien
( nyaan hayang miluan )
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi, mangga nyanggakeun.......
Akomodasi : Taman Rekreasi Cimalati gaduheun 19 bungalow :
7 bungalow 1 kamar sewana ; Rp. 80.000
6 bungalow 2 kamar sewana ; Rp. 150.000
1 bungalow 2 kamar sewana ; Rp. 200.000
1 bungalow 2 kamar sewana ; Rp. 200.000
2 bungalow 3 kamar sewana ; Rp. 275.000(tos dipesen)
1 bungalow 2 kamar sewana ; Rp. 250.000(tos dipesen)
1 bungalow 2 kamar sewana ; Rp. 225.000
1 bungalow 4 kamar sewana ; Rp. 300.000(tos dipesen)
Karcis lebet : Dewasa ; Rp. 4.000
Murang kalih ; Rp. 3.000
Beus ageung ; Rp. 150.000
Beus alit ; Rp. 100.000
Parkir : Mobil ; Rp. 2.000
Motor ; Rp. 1.000
Biaya : Sajabina biaya kanggo akomodasi kanggo anu bade kulem/ngendong.
Teu ditarik biaya (mung disadiakeun koropak sumbangan saridona).
Tuang Siang : Diyagikeun kupanitya, bari ngampar handapeun tenda.
Tuang Wengi : Dilebet Taman Rekreasi aya warung baso sareng restoran nyayagikeun
katuangan Sunda, parasmanan anu tarifna tingawitan
Rp. 16.000/jalmi, Rp. 22.500/jalmi sareng Rp. 25.000/jalmi
Acara : Tinggali posting "Tingkesan Acara".
Sakitu anu kapihatur.
SSW
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

