|
Ieu judul posting the matak ras emut kana judul
pilem abg tea nyaeta “Ada Apa dengan Cinta”
, upami disoledatkeun ( plesetan / slang ) judulna semu aya patalina
tur oge dina
tema posting nyaeta perkawis pitamin “C” (
=cinta ) atanapi Vitamin “T”
( =tresna )… Bentang Pelemna Neng Ani sareng Maungna, dibantosan ku Teh
Nia, Teh Ina, Teh Winda, Abah Waluya, Kang Yaya, Kang Cecep, Kang Durahman, Kang Boim, Kang Ndoell…nunongtona Palawargi Babakan Kusnet sareng sim
uing selaku Jeger anu Bageur Eng Ing Eng!!! Perhatosan-perhatosan, sakedap deui pilem
bade dimimitian, sadaya nu nongton teu
diwidian jojorowokan, lulumpatan, ajrag-ajragan, smek daon, sareng
sajabana di jero bioskop ieu,
bilih runtag atuh euy!!!...hatur nuhun...sok
mangga nyanggakeun… Dunya ieu panggung sandiwara Caritana gampil rarobih Aya peran wajar Tur aya peran nu bobohongan .... Deudeuh teuing si tresna..way ken yu
jeus wak ewey from mi…kunaon anjeun mabur teu beja-beja…dasar tongtolang
nangka… Tos ahhh, panjang teuing...kieu tah
upami nuju ngalenggut teh, sok ngalantur kaditu kadieu eusi polo teh...maklum
tadi siang kirang bobo...janten rada lungse ngaronda wengi ieu mah...ngider
deui ahhh... RRROOONNNDDDAAA!!! Huahhh...zzzzzzzzzz Duli Dodet *jeger bageur -----Original Message----- teh an, atanapi neng an? ngiringan yeuh..nambihan hiji deui pangalaman
pribadi.. sataun kapungkur gaduh kabogoh tidituna mah nya kitu tea we ibuna si kabogoh teh nyaram, saura na
ulah papacangan sareng urang sunda. matre lah...ieu lah itu lah...tapi tapi teu nanaon, saur kang ssw oge sanes
jodo...mendingan mah hilapkeun teras milarian deui hehehe mangga ah....
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

