Haturnuhun kang Ato....da sifat dasar istri matre mah, mung matrena anu
kumaha heula, kuamrgi upami teu matre istri teh tiasa oge janten bahaya,
contona kumargi teu patos resep kana artos hayo artos SPP murangkalihna
atanapi artos balanjana tara diemutan, antukna katalangsara. Tapi teu aya
ketang jalmi nu teu peryogi artos, nu entong mah matre nu nganggo tanda
kutip anu kadanguna miring........
Mung hanjakal matre teh sok diidentikeun ka istri wae, padahal pameget ge
teu sakedik nu matre dina tanda kutip, saur ani mah matre teh tos sifat
dasar manusa nu hirup di alam dunya, mung teu langkung kana kondisi kejiwaan
na, eta nu ngabentenkeun matre sareng "matre"

neng an...
*Salieur-lieurna maung, lieur keneh abdiw....


-----Original Message-----
From: Ato Riyanto [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, September 30, 2004 8:44 PM
To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Cc: 'netymartin'
Subject: Re: [Urang Sunda] Aya naon jeung Urang Sunda ?


Neng Ani sareng nu sanesna anu ngalaman kajadian teu ditampi ku 'camer' ti
lain urang Sunda pedah diri urang Sunda,
Hapunten pisan memang abdi ge ningal sareng nyakseni pisan eta 'fenomena'
teh. Anu kabandungan ku abdi mah salah sawios alesan aranjeuna teh nyaeta,
saurna ieu mah, istri urang Sunda teh 'malatre' cenah, sareng teu kiat
nandangan kasusah jeung lemah sifat satia ka nu jadi caroge jeung kurang
ngahargaan caroge dina kaayaan susah. Seueur kasus istri Sunda anu nikah
dimangsa si lalaki senang/ngora terus pirak dimangsa sabalikna. Eta kasus2
teh jadi sorotan bangsa sejen, nya nu akhirna janten 'image' anu awon pisan
ka istri2 Sunda.

Padahal sifat2 istri2 bangsa sejen ge teu leuwih hade....anu katingal ku
abdi oge...sarua we teu aralus teuing, aya nu jorok pisan kahirupanana, aya
nu heuras hate ciga batu karang, aya nu peditna kabinti-binti, malahan mah
pan urang kota mah, teu nengali bangsa naon...rata-rata matre!

Kumargi kitu teu aya deui jalan kanggo ngarobih eta 'image' lian ti ku urang
sarerea oge. Memang sesah nu namina ngajarkeun istri supados teu
matre....kaalaman ku abdi....sesah pisan. Sakumaha ku abdi dicarioskeun
kumaha ahengna jeung pikasieuneunana alam kubur jeung poe-an hisab di
akherat jaga...ehh da...nyakitu hese hehehe.
Tapi keun we lah....ari aralimeun mah urang lian...wios we ku abdi..eh ku
urang Sunda we nya....;-). akur pan baraya.....
cag ah...tunduh hoyong bobo heula.....mudah2an Alloh maparin umur panjang ka
pribados, aamiin. Bismika Allohumma ahya, wa bismika amut (Ku asma Gamparan
ya Alloh abdi hirup, sareng ku asma Gamparan oge abdi pupus...duhh Karindu
Hate....Alloh, hapunten jalmi nu dzolim ieu.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke