kang toni sareng kang ule janten "pagar makan tanaman"... hehehe...
 
abdi mah tos nyiapkeun jolang anu rada ageung kanggo ibak panganten,
da saurna saatosna acara rengse... palay langsung ibak duaan dina jolang... heuheuheu...
 
Panzi
----- Original Message -----

Ade Tizzy sareng ade Kenzi tos sariap janten pager Ayu / pager Bagus ?

----- Original Message -----
From: "Rukayadi Yaya" <[EMAIL PROTECTED]>
>
>
> Aya naon?...aya naon?
> Babakan Kusnet rek boga hajat...
> Pasangan munggaran di Babakan Kusnet...
> Mun jadi tanggal 9 Desember 2004 dinten Kemis.
> Daroakeun....
> Saha tea?
> Si Tukang Buku jeung si Kumincir,
>
> Pamentana cenah:
>
> 1. Teh Icho mangga geura ngopak jeung ngaranginang,
> tambihan ku kolontong masing-masing dua blek kurupuk.
>
> 2. Dodol jeung wajit, bagean kang Ewing jeung Kang
> Darpan.
>
> 3. Beas mah ka urang Cianjur bae ameh ngeunah, saha
> urang Cianjur?
>
> 4. Neng Nia kahade sprei bulao langit keur seserahan
> ka Jatinangor, kudu direka jadi sosoangan, keur engke
> dina tanggeuyan seseran.
>
> 5. Kang Tatan, menta suluh cenah 5 tanggungan keur
> seserahan teh.
>
> 6. Mama Manar, kade kedah aya waktos keur ijab kabul.
>
> 7. Kang Boim, rek mere naon ka si Empup, wayahna atuh
> cau nu di Ujung Jaya teh tong diiangkeun ka pasar
> Kadipaten ayeunamah, pengkolkeun bae ka Jatinangor,
> omat nu galede, cau ambon keur parasmanan, ari jau
> kapas mah keur na papanggungan.
>
> 8. Apih Sidik (Bapa Dudung), kahoyongna calon
> panganten cenah hoyong ginseng landong kiat, sareng
> panyubur, da pangantenteh hoyong enggal-enggal
> ngandep, alim kosong heula, nuhun sateuacanna.
>
> 9. Teh Tien, sanes kapungkur kantos keurseus ngahias?
> sok atuh tah si empup hias.
>
> 10. Kang Eko kumaha dipesenan domba teh aya? domba
> keur tuntuneun na seserahan oge domba keur sateeun.
>
> 12. Neng Ani, si Empup kayang dipangnyieunkeun bolu
> bubuhayaan cenah.
>
> 13. Kang Tito, kumaha rombongan tagonian jeung pencak
> silat di Cicadas tong sangeumeun?
>
> Naon deui atuh ieu keur hajat kawinan teh...sok
> tarambiahan....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to