Hal ieu patukang tonggong jeung tren/kanyataan di luar, dina kasus-kasus bom bunuh diri, komo di wewengkon nu keur kajajah mah. Padahal, samemehna para panalungtik Kulon nyangka yen nu ngalakukeun bom/serangan nelasan maneh teh nu boga kasang tukang teu pati nguntungkeun, misalna miskin, kurang atikan (tingkat sakola handap), jeung sabangsana. Ana horeng, ari geus ditalungtik mah, nyata yen nu ngalakukeun bom nelasan maneh teh loba nu kabejakeun palinter, punjul, boh ekonomina atawa tingkat atikan formalna. Nya conto gampilna mah candak we Usamah bin Ladin tea, nu dituduh mingpin alqaidah ngalakukeun teror saalam dunya (etah!). Kapan anjeunna teh lain jalma miskin baheulana, urang AS (Arab Saudi) tea atuh, raja minyak. Atawa di Palestina, keur mah komo, da aya pangrojong sumanget hayang ngamerdikakeun bangsana. Nu di urang mah memang aneh, Bah. Nu jadi martir teh loba urang lembur. Kuring satuju jeung sangkaan Abah. Aya nu ngamangpaatkeun. Mun ku doktrinasi teh, asa enya pigampangeun disasabkeunana. (hapunten, sanes maksad nyebat urang lembur barodo, teu pisan2. Mung kuring nyangka, aya kalemahan nu dimangpaatkeun ku para dalang). Teror di urang mah aneh deuih. Saha nu, cenah, maksudna diserang? Saha nu jadi korban? Eta deuih, ngaran organisasi nu jadi embe hideungna: Jamaah Islamiyah. Nenggel pisan. Terus nu nyandera di Irak tea, naon cenah namina? ... Islam we pokona mah. Nenggel deui wae. Naha leres eta teh merjuangkeun Islam? Eta deuih tungtutanana, menta sangkan Abubakar Ba'asyir dibebaskeun. Na bet jauh2 teuing? Pakan Bangsa Irak teh keur dijajah, na bet menta ngabebaskeun Abubakar Ba'asyir? Naha bener eta teh kitu tungtutanana? Mani asa ngahajakeun tungtutan teh... enya, ngahajakeun matalikeun Abubakar Ba'asyir ka teroris kitu?
-- k#5 --------- Original Message -------- > Kadang-kadang kuring mikir, boa-boa nu miskin di nagara urang geus > frustasi pisan nepi ka gampang dihasut (diprovokasi) ku jalmi-jalmi > nu leuwih ngarti? ________________________________________________ Message sent using QuasarMail 1.0 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

