Waalaikum salam wr. wb...
Wilujeng sumping ka saderek Dikdik ( naha geuning namina samai sareng nami waktos abdi alit), wilujeng ngariung di milis urangsunda, mangga tong asa-asa teras bae kalebet, ulah was-was pedah nyarios Sundana "acak-acakan", margi salah sawios tujuan ieu milis oge "kanggo ngamumule basa Sunda".
Nepangkeun oge sim kuring kawit ti Cianjur, nuju buburuh ditungtung wetan daratan Asia.
Mangga lejengkeun.
 
Pihatur
SSW

dicksvf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aslmkm.
dulur salerea... (leres kitu nulisna?)
sateuacan kuring ngenalkeun, sim kuring neda dihampura lamun babasan sim kuring teh "acak-acakan", da kumaha atuh, sim kuring teh sanes diageungkeun di lingkungan anu nyunda.
nepangkeun, sim kuring Dikdik, ari kawit mah ti purwakarta.
ari sadidinten sim kuring di jakarta, kaleresan di damel teh janten PNS.
kuring terang ieu milis teh teu kahaja, kaleresan aya email anu nunjuk kana ieu milis. nya atuh kuring teh jadi "tertarik" alias resep, mung nya eta, ari kedah babasaan sunda anu merenah kuring teh teu tiasa.
sakali deui, kuring neda dihapunten ku balarea, bisi (pasti ieu mah da!) babasan kuring teu marerenah, da teu aya deui niatan salian hoyong ngiringan ngamumule budaya sunda.
hatur nuhun.
wasalaam
Dikdik




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to