Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
.....
ngan leres teu nya yen nu namina tresna teh sok nuturkeun ?
 neng an...
 
Neng An...
Sakaterang sareng sapanjang pangalaman Akang mah,
anu namina "tresna" (mawaddah) sareng "kanyaah" (rahmah) teh... teu aya sanes sabagian tina lautan rahmat ti Gusti Allah anu baris dipaparinkeun ka papasangan laki-rabi anu ngagaduhan niat ngalakonan rumah tangga sebagai kagiatan ibadah anu tujuanna seja ngahontal "mardotillah".
Jadi.. kudu NIKAH heula... nembe bakal tumuwuh ka-tresna sareng ka-nyaah.  Ceuk cohagna mah, saparantos nikah, antara suami-istri di"wajib'keun kanggo nuwuhkeun katresna sareng kanyaah, sabab ieu pisan anu bisa ngabahagiakeun kahirupan rumah tangga.  Pasti, rumah tangga mo bisa bahagia tanpa aya katresna jeung kanyaah.  Anu peryogi aya sateu acan nikah mah, henteu langkung ti : pernyataan ijab ti wali panganten istri, sareng pernyataan qabul ti panganten pameget, tambihannana, biasana panganten istrina sok ditaros deui ku panghulu.. naha kersa/rido ditikahkeun ka panganten pameget?
Anu sok disebat "tresna" (=cinta) ku para ABG mah.. emutan akang mah henteu langkung ti perasaan "keinginan/syahwat" anu timbulna tina angan-angan kosong molongpong....
Tah.. cindekna mah...
Saparantos ta'aruf-an sareng ngaraos cocog-mah, salajengna kantun nganiatkeun .. bade iraha ka bale nyungcung...
Mangga, akang ngiring ngadu'akaeun....
 
NB:  Neng Pup sareng Saderek Adnan,  wilujeng...
mugia lungsur-langsar... tiasa ngawangun rumah tangga anu tiasa nuwuhkeun katresna sareng kanyaah....
 
Ehem... punten... sim kuring oge masih diajar keneh sareng teu acan patos lami rumah tangga teh, nembe 6 taunan....


Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to