Ah....... sakalian bae ngiring tumaros, naon anu dimaksad ; Tujuh lapis bumi sareng tujuh lapis langit dina Al-Qur'an teh, naha memang aya tujuh Galaksi/Tujuh Tata Surya atanapi maksadna tujuh alam sapertos ; alam fana, alam kubur, alam barzah, alam mashar ssjb.
Cik aya kitu wargi anu tiasa mesek eta anu dimaksad...???
Hatur nuhun sateu acanna..
 
Pihatur
SSW

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan sakedik, bari teu acan ningali gambarna, kabujeung dihapus otomatis da ageung teuing. Lamun teu lepat mah pola-pola ayeuhna kebon gandum nu simetris (lingkaran/buleud) teh sering kajantenan di Inggris.
Pola ayeuhna jiga kitu jigana mah ku akibat angin puyuh,
eta penjelasan anu paling lebet akal, sanajan aya nu nyebatkeun ku UFO, tapi spekulatif pisan, margi saha atuh nu parantos papendak jeung Alien?.
Perkawis makhluk-hirup di luar planet bumi, kamungkinan memang aya, margi aya milyaran bentang (sajenis panonpoe) di jagat raya ieu, moal enya henteu aya hiji-hiji acan nu jiga panonpoe? ngabuktikeun aya henteuna makhluk hirup di luar bumi, memang sesah, margi kahalangan ku jarak anu tebih. Keur ngabuktoskeun di Mars aya atawa kantos aya kahirupan , dugi ka ayeuna oge nembe dimimitian, buktosna teu acan pasti, padahal mars teh planet tatangga bumi pangcaketna!
Aya batesan dina elmu fisika yen kacepatan cahaya teh kacepatan pangluhurna. Janten dina ayana oge mahluk hirup di bentang-bentang nu sanes, moal kantos tiasa behubungan jeung mahluk hirup di bentang nu sanesna. Jadi moal aya ALien kukulamprengan ka planet bumi ............

Baktosna,
WALUYA






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to