Wa alaikum salam wr, wb.
 
Ih si ujang Dik2 kamana hungkul ???
Tos ngalongok barudak jeung indung budak nya di lembur??? ...
kumaha kabarna ???? mugia salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT. Amin.
 
sok ah lajengkeun deui....
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, October 21, 2004 8:02 AM
Subject: [gankleboy] wilujeng enjing

assalaamualaikum wr. wb.
 
dulur salembur, baraya sakota (enya kitu??) kumaha kabar sadayana??
mudah2an baraya sadaya aya dina tangtayungan Allah SWT. amin
 
punten yeuh, saminggu kuring teu "on line" geuning langsung kuring tinggaleun aya kana 400-an serelek :(
 
nya ieu oge keur dikeureyeuh (siga tadarus, macaan serelek:P), da kumaha atuh, sanajan can sabulan ngagabung ka ieu milis, naa ku aya rasa deudeuh jeung tresna ka ieu milis. meuni asa manggih cai dina waktu buka puasa (tangtu we jeung korma, kolek, jsb) pas gabung ka ieu milis.
 
ngan anu jadi patarosan kuring, naaa ari urang KUSNET damelna teh ngamilis sadayana kitu??? :P, nyaa eta da saminggu ditinggalkeun ku kuring, meuni ratusan serelek nu can kabaca ku kuring.
 
hapunten ah ka sadaya...
 
kanggo:
kangKamal, kangSikandar, kangDuli, tehIna, tehAni, tehNia (aya pan 3-an nana??), tehIpup (anu sateuacana ku kuring disebat kangIpup :P) tehLilis (ma enya nyebut abah ka kuring???) sareng baraya sadaya nu teu tiasa diwincik diwiji wiji (da teu acan arapal)
wilujeng "beraktifitas" (naon nya dina basa sundana??) & wilujeng neraskeun kulem :P
 
wassalaamualaikum wr. wb.
 
=DK


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke