Damang Teh Nety?
 
Isin nya Teh. Laporkeun geura ka KBRI-Menbudpar-Disbudpar-na (Magelang) sangkan langkung ngawanti-wanti ka para guide-na Candi Borobudur supados teu kajantenan deui musibah sapertos kitu teh.
Kumaha atuh di urang mah, leuweung dituaran, diical kaina keur kapentingan sorangan, bari teu peduli lingkungan.
Benda bersejarah oge diical keur kapentingan artos nu teu sabaraha kumargi teu sadar nilai sejarah jeung budaya
Kantos oge kajantenan satu set ensiklopedi di hiji perpustakaan PTN ical, ari pek teh aya salah sawios pegawai nu tega ngical ka nu niat jahat ngan ukur kenging artos teu sabaraha, margi teu sadar penting tur berhargana buku, ensiklopedia deuih.
 
Ely


netymartin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kanggo baraya sadayana.
simkuring dinten tadi tabuh satengah dua uih ti kantor.
pas di jalan ninggali ESTEE SALE di perumaha anu mewah.
ari pas kalebet eta rumah milyonerteh lebetna seur barang barang antik.
satusan,mungkin rebu tahun.anu gaduhna orang china.
terus simkuring nigalian ti lantai handap dugika luhur,di antawisna
arca,lukisan china guci .sareng sajabina,anu hargina paling mirah
$1300 barang anu alit,barangna luar biasa seseurna barang antik ti
china,pas simkuring naroskeun harga guci sareng teko antik anu gaduh
bumi naros,asal sim kuring timana,ari ret kajuru ningali arca tina
emas(budha)teras anjeuna naros ,did you like budha?
anjeuna nyarios saya bpunya kepala budha,dari candi terkenal di
indonesia,umurnya udah berabad abad.teras anjeuna ngajak simkuring
karuang keluarga,ari breh teh aya kapala arca(budha)anu dicandi
borobudur,leketey awak simkuring leueleus,hate ambek,sagala rupa campur.
tetela katingali dua kapala arca ti candhi borobudur.
terus anjeuna nyario ka simkuring,kamun tahu ngak saya beli ini dari
auction,saya waktu itu lihat kepala arca dari candi di negara kamu ada
tigapuluhan,orang di negara kamu itu mau aja di upahi suruh motong
kepala arca.padahal yang motongnya ngak seberap dapat uang,tapi
mafianya yang kaya.
soalnya di jual puluh samapi ratusan ribu dollar.
etah hate simkuring meuni hoyongmangul kepala arca,hoyong mulangkeun
deui ka nagara,tapi di tawar hargana meuni,ngaratus ribu dollar.
tetelanya ternyata geuning paningalan nenek moyang teh di jual ku
jelema anu teu nyaah kana warisa nenek,moyang.
pantesan titingal sajarahteh parunag ,geuning di jual kunu sarakah
harta ka orang luar.
ngan hanjakal simkuring teu bisa mawa mulang eta arca.
sigana eta kapala rca bakal pindah pindah leungeun.
cik atuh pamarintah kumaha tah ,geuning titingal sajarahteh di
palingan demi kakayaan.
mugia ieu impormasi janten bahan ,nagarah urang sadaya langkung yaah
kana paningalan sajarah.


baktos
nety.
anu hoyong mawa kapala arca mulang









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke