Nuhun kang Oman, ieu mah peryogi pisan kanggo teteh...........
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi sadaya,
Ngimeutan guaran ngeunaan "Saha Munir Teh" dina sababaraha posting
di milist ieu ku matak kataji. Mataholangna "repostasi" ringkes
ngeunaan sikep hirup Muni rupina tiasa diringkeskeun yen Munir anu
tiasa diistrenan salaku "Pejuang HAM Indonesia", parantos nyepeng
sareng ngalakukeun dimensi sosial salaku dimensi pang pengtingna
dina sikep hirup nyepeng agama (B. Ind: sikep menjalankan kehidupan
beragama).
Ngeunaan dimensi sosial salaku dimensi pangpentingna, mindeng aya
anu netelakeun di ieu milist. Diantara katerangan dimaksud, yen Al-
Qur'an kabuktian, 90% kandungan ayat-ayatna teh estuning
madungdengkeun atawa ngatur urusan sosial. Ku cara ngajalankeun
agama sarupi kitu atawa naon anu disebut sikep ngagem agama anu
inklusif, mangka heunteu aya lolongkrang pikeun pacogregan pamadegan
atawa laku hirup sapopoe jero masyarakat. Karana anu atra jeung
nembrak jero paningal masyarakat mah tetep bae laku lampah hirup
urang ka papada manusa jeung lingkunganna, naom bae pamadegan atawa
cecekelan hirup urang.
Lebet ka sasih saum sareng pakait kana dimensi sosial salaku dimensi
pang pentingna dina agama Islam, ritual ibadah puasa oge sajatina
ngarojong pisan kana pamadegan di luhur. Geus lir ari ngalakonan
nahan hanaang jeung lapar salaku ngarasakeun naon anu mindeng
karandapan ku dulur urang anu fakir tur miskin mah, dalah do'a-do'a
(anu ngarupikeun "aspirasi" urang jero kahirupan) oge leubeut ku
cita-cita, paniatan sareng bajoang manusa dina urusan sosial. Salah
sahiji do'a anu dimaksud tiasa diparios ku para wargi sadaya dina
alamat do'a-do'a khusus sasih Ramadhan ieu: http://www.duas.org/,
khususna do'a saba'da rengse nyumponan sholat fardlu salami sasih
shaum: http://www.duas.org/rameverysalaat.htm. Kagigirkeun soal ti
mana asal muasal eta do'a jalaran dina tataran do'a mah tos teu aya
deui bebedaan madzhab.
Anapon tarjamahan eta do'a (http://www.duas.org/rameverysalaat.htm)
anu kahiji, kirang langkung kieu:
"Nun Gusti, mugi Gusti ngalebetkeun rasa kabagjaan ka satiap ahli
(pangeusi) kubur"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngabeungharkeun ka satiap anu fakir"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngawaregkeun ka satiap anu kalaparan"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngaraksukan ka sadaya anu ditaranjang"
"Nun Gusti, mugi Gusti mayarkeun (munahkeun) hutang satiap anu
ngagaduhan hutang"
"Nun Gusti, mugi Gusti masihan jalan kaluar ka satiap anu kenging
karerepet (kasusah)"
"Nun Gusti, mugi Gusti mulangkeun satiap anu sasar (anu salah jalan
atawa anu kadungsang-dungsang)"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngabebaskeun ka satiap tandonan (tawanan)"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngaluskeun kana satiap anu awon/goreng tina
urusan kaum Muslimin (golongan anu sumerah diri)"
"Nun Gusti, mugi Gusti nyageurkeun ka satiap anu teu damang"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngaganti kafakiran abdi sadaya ku kabeugharan
Gusti"
"Nun Gusti, mugi Gusti ngabagilirkeun kagorengan kaayaan abdi sadaya
ku kasaean Gusti"
"Nun Gusti, mugi Gusti mayarkeun/munahkeun hutang-hutang abdi
sadaya, sareng ngabeungharkeun abdi saya tina kafakiran"
"Satemenna Gusti eta anu Maha Kawasa kana satiap perkara".
Mangga diilo do'a anu nembe, kumaha ngantengna tali urusan sosial
sareng ibadah shaum. Kukituna, kahartos upama perang Badr-anu
minangka simbol merangan kadholiman- kajadianna teh dina sasih
Ramadhan. Oge, sok sanaos jalmi-jalmi diwajibkeun shaum dina sasih
Ramadhan, namung sasih Ramadhan heunteu kalebet sasih tina opat
sasih anu diharamkeun peperangan dina Islam. Sadayana nunjukkeun yen
ngabeberes urusan sosial malah sakedahna dironjatkeun dina sasih
Ramadhan.
Wallohu 'alamu bi al-showab.
Baktosna,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

