Kang Waluya,
Punten ah bade mairan rada panjang yeuh wios nya....?
 
Di Chicago mah, dimana Bar  sareng Club teh  teu sirik na unggal 2 meter aya. Tapi da benten di dieu mah Bar na teh heunteu sapertos di Indonesia, estuning tertib sareng " sesuai fungsina" . Jalmi anu bade " Dinner" di restouran biasana lebet heula ka Bar  nungguan waktos Dinner bari nonton TV atanapi sekedar ngobrol sareng pengunjung nu sanes. Leueut na oge ngangge elmu, ngaggo takeran. Janten teu mabok. .  Kadang enjing-enjing upami aya pertandingan football, atanapi softball, sok rajeun ngarumpul di Bar, ngarah nonton na rame. Menu sarapan pagi oge aya. Roti lapis sareng cai kopi.
Benten pisan lah sareng nu di urang mah, di bar atanapi club teh sok aya accessories na.. matak surrrr  serrr.
 
Ngaos e-mailna kang ManAr, simkuring rada nineung kanu Beurit, sareng laleur  di dieu mah ayana oge Squirrel ( siga bajing ngan alit) di mana-mana kadang lebet ka dapur maling tomat ha ha ha.. keun weh da lucu sok di antep weh ku abdimah, oge manuk japati liar sok ngadon nalangkring dina jandela. Ngan "lebah madu" rada pikasieuneun tah. Sigana mah pedah seueur keneh tatangkalan di tengah kota teh, sareng heunteu seueur polusi. Janten perkembangbiakan nana rada pesat. Da runtah oge tertib , tempatna tertutup, pembagian jenis limbahna oge di atur, jalmina saladar. Pun kitu deui dines kabersihannana rajin.
 
Oge jalmi di dieu mah sigana teh mun angkat damel teh condong naek kareta/beus atanapi papah. Caroge abdi mun angkat ka kantor teh setengah lima ( mapah dugi keun ka kantor) teu kabayang mun di Jakarta atanapi Bandung. Mobil-mobil pribadi mah ngajaligrug weh di payuneun bumi sisi jalan, da aman.  Asa hari libur unggal dinten teh , maklum jalanan lengang.Teu seueur mobil lalar liwat.
 
Toleransi tatanggi oge sae, simkuring kaget .. hari pertama saum, tatanggi aya nu ngirim tuangeun, saurna kanggo buka. wahhhhhh sempet kaget. Teu nyangki .
 
Kitu oge pas simkuring angkaribung ku balanjaan , turun tina tangga stasiun kareta api (di daerah Fullerton), aya petugas gerbang anu biasa patepung,  mantuan.. saurna teh..., anjeun keur puasa nya....., tah geuning bangsa batur teh sakitu  
 
Sigana mah, masalah di urang teh SDM na, mudah-mudahan pamarentah anu ayeuna tiasa ngadorong masyarakat kanggo ningkatkeun mutu kebersihan, sadar bahayana polusi, slogan Kota Bersih Berwibawa teh ulah ngan dina spanduk hungkul. Oge urang sadaya nyokong kanu usaha pamarentah demi kepentingan umum. Sugan weh Bandung atanapi Jakarta sareng kota-kota di Indonesia nu sanesna kapayunmah tiasa siga tempat-tempat nu sanes di luar negri ,........aya hiji kurung pinuh ku Japati.. he he he.
 
Baktos
Tati
  
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di Bulan Puasa biasana  seueur jalmi anu nyarios soal moral. Ngadak-ngadak
moral jadi urusan paling penting di Bulan Puasa, nepika  tempat-tempat
hiburan nu dianggap ngarusak moral kudu tutup, lamun perlu dipaksa jeung
dirusak. Ngan hanjakal, ceuk kuring mah, nu disebut "moral" ku  bangsa urang
mah "heureut" pisan, nu dianggap ngarusak moral teh ngan saukur soal
nginum-nginum, Zinah jeung ngadu ("judi"). Padahal soal nginum-nginum, zinah
jeung ngadu dianggap ngarusak moral sabenerna mah relatif. Nginum-nginum
keur urang Barat atawa Jepang teu dianggap ngarusak moral da memang
kabiasaan maranehna sok ngararinum miker. Kitu deui ngadu, keur urang Cina
mah ngadu teh "kawajiban", lamun eleh itung-itung sedekah ka Dewa.  Kitu
deui aya nagara nu hirupna tina ngadu, jiga Monaco. Ngan zinah jigana teh nu
rada universal dianggap kalakuan "kurang pantes" teh.

Urang teu bisa kitu wae nuduh urang Barat atawa urang jepang sabage jelema
nu rarusak moralna pedah maranehna resep ngarinum bir atawa anggur.
Nagara-nagara Barat jeung Jepang sanajan resep nginum miker, tetep wae
nagarana maju, leuwih makmur jeung leuwih adil tinimbang di nagara urang nu
cenah anti miker. Rakyat Monaco pasti ngambek lamun disebutkeun
jelema-jelema  nu "rusak" moral, sabab hirup nagarana tina ladang maen.
Monaco tetep eksis (aya) tepi ka ayeuna, sanajan tempat maen oge.

Jadi lamun kitu, ukuran moral urang jeung bangsa deungeun beda? jigana mah
memang rada beda, atawa paling henteu beda prioritas. Keur urang Barat jeung
Jepang, korupsi teh pagawean panghina-hinana, nepika lamun kapanggih,
bakating ku kawiwirangan, bunuh diri. Di urang? .......hehehehe maling duit
nagara mah lain kalakuan anu matak wirang, ngan ngalanggar hukum wungkul.
Ngarusak fasilitas umum, di Barat jeung di Jepang dianggap pagawean jelema
nu teu boga budaya (barbar), di urang? saha nu gaduh perhatosan kanu kieu?
Teu kantos kacarioskeun sugan aya organisasi massa (FPI, Satgas partey jrrd)
kantos newak jelama nu maledogan Kareta Api anu liwat, atawa newak jelema nu
ngarusak telepon umum. Kunaon sababna? sababna eta kalakuan henteu dianggap
"ngarusak moral bangsa" , jadi teu kudu dibereskeun, ukur dianggap
kaheureuyan anu iseng.

Ceuk cenah, unggal bangsa boga cara masing-masing dina memeres moral
bangsana. Kuring oge satuju kana pamandegan ieu, kulantaran kitu
mudah-mudahan we ku ditutupna panti pijat, bar, karoke jeung tempat hiburan
peuting nu lainna di bulan Ramadhan ieu, bangsa urang moralna jadi tambah
sae.  Ngan kuring teu yakin moral nu paling penting saperti era lamun
korupsi, era lamun ngarusak fasilitas umum, era lamun ngalanggar lampu
beureum  jrrd bisa disaean ku ditutupna panti pijat jeung hiburan peuting
lainna. Sabab aya contona: sadayana karyawan Dep. Agama, kuring yakin, tara
ka panti pijat, tara maen ngadu jeung tara nginum-nginum, tapi kunaon Depag
kalebet Departemen pangkorupna?

-WALUYA-










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke