Sanes ngadepong, nanging depa.
Atuh da posting mani murudul dugi ka ampir ngaratus jiga pelor M16 bae. Teu
sangki nya, milis KUSNET tiasa nandingan chating.
Kum ka baraya enggal,
Nepangkeun sim kuring ti Cilegon - Banten. Nuju buburuh di pabrik waja.
Seler Sunda asli, kawit ti Bandung Kidul (langganan caah tea). Karesep kana
mamaos Cianjuran, spesialis suling sareng ngacapi rincik.

tansah,
Zaenal A. Muslim (zam)


----- Original Message -----
From: "eko107" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, November 04, 2004 1:18 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Sampurasun


>
>
> Wilujeng siang kasadayana,
> Mangga kanu ararenggal wilujeng tepang di milis urang sunda mudah-
> mudahan baretahnya. Ku abdi di perhartoskeun unggal dinten teh aya
> baraya enggal anu lalebet ka milis urang sunda paling sakedik 5
> urang. Tapi katingalna mah seuseueurna mah sigana ngadarepong.
> Mangga atuh kanu ararenggal ulah isin-isin sok geura narepangkeun.
>
> Eh kanu ararengal nepangkeun abdi ari nami mah eko kawit ti
> indihiang-tasik ayeuna linggih dibogor macul di jkt. Mangga ah
> wilujeng gabung kanu ararenggal. Ke kang Nunu dupi tutugan gunung
> galunggung palih mananya ? boa-boa tatanggian.
>
> Hatur nuhun
> kuncen #4
> @ERN
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], Jalaksana Kertapati
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Assalamu'alaikum.
> >
> > Langkung tipayun sim kuring bade ngahaturkeun kanuhun ka moderator
> nu parantos ngidinan ka sim kuring kanggo ulubiung di ieu lembur
> digital. Nepangkeun sim kuring Nugraha Firdaus, biasa di calukan
> Nunu. Ari  kawitmah ti Tasik, behan tutugan gunung galunggung. Ari
> pacabakan mah teu acan netep, mung ayeuna masih keneh di Jogja.,
> nuju milarian anu pibarokaheun.
> >
> > Panginten sakitu heula ti sim kuring, geuning rame nya ari
> dilembur sorangan mah. Matak pikabetaheun, sanajan ngan ukur di
> kampung digital oge.
> >
> > Wassalamu'alaikum.
> >
> > Nugraha Firdaus
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Do you Yahoo!?
> >  Check out the new Yahoo! Front Page.  www.yahoo.com/a
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to