teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Buddy, jiga na can waktuna Urang sunda jadi pamimpin, ke tos nepi kana waktuna mah InsyaAlloh.,jadi.... ayeun mah can kauji kamampuanana, kumaha carana jadi pamimpin, komo pamimpin no hiji.Jeung deui meureun aya sejarahna urang wetan lewih kolot, boh tina pangaweruh, boh tina turunan , teu epes meer....Jadi urang tungguan wae nepi iraha Urang US jadi NO hiji pamimpin di Urang.Tapi upami dugi pamilihan 5 kali teu jadi2, tah eta mah aya masalah......kunaon sababna kitu....???? teuing.....he hePadahal teu kurang-kurang anu palinter, malah leuwih pinter ti anu ayeuna ngajabat....Salamteh tien
buddy nataatmadja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Dipikir-pikir, pamarentah, nu marentah oge tempat marentah ayana di tatar sunda, ti baheula ngan saukur kabagean wakil presiden (Umar Whk), jeung Perdana Menteri ( Ir H Juanda) ngan eta meureun anu sempet dibere tempat di pamarentahan. Hayoh jeung hayoh bae urang wetan jeung urang sabrang. Kunaon jeung kunaon ;
1. Urang sunda kabeukina lalab, jadi leuleus liat, teu boga daya tempur anu kontinyu jeung sok guminter sorangan, geus ngabatu ti baheula tara daek nepotisme, Ieu teh hade pisan ngan dina praktekna kudu dipilah antawis nepotisme jeng guyub sabab mun sabeungkeutan dina berjuang tangtos gampang menangna.
2. Urang sunda sopan jeung bageur teuing, dileyek oge tara ngalawan, gampang dipangaruhan sok leupas tina pamadegan., mangkana dina gerakan politik naon bae kuatna di jawa barat pikeun dijadikeun basis. Urang sunda gampang dijadikeun tandon, tapi tempona ngawasa ditaringgalkeun.
Ayeuna geus waktuna ngarubah pamadegan dimimitian ku elmu saluyu jeung talatah kolot urang;
1. Elmu Luhung Kasakti Diri
2. Taya Sobat Nu Sajati, Iwal Ti Pangarti,
3. Mun Teu Ngakal, Moal Ngakeul.
Jadi ngahijina urang sunda kudu dimimitian ku pangarti, insyaalloh 10 tahun kahareup salah sahiji anggota milis ieu pasti aya nu jadi presiden.
Buddy
\
\\ Dapatkan email GRATIS dari
\\\ FarmasiNet
\\\\ http://www.farmasinet.com
\\\\\
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

