Mairan sakedik minangka pangbagea...
Sababaraha catetan ngeunaan Islam, Kasenian jeung Sunda. Numutkeun Abah Surya, dalitna adumanis antara Islam jeung Sunda pibasaeunna teh Budaya Sunda geus hasil dina kurun waktu anu tinangtu dialog jeung Islam. Upama disebutkeun ku cara sejen, dina budaya Sunda geus nyampak ajen-inajen jeung prak-prakkan tradisi anu mampu ngawadahan Al-Islam dugi ka sumerepna ka masyarakat teh heunteu matak nimbulkeun genjlong budaya.
Kukituna, di Sunda heunteu dipikawanoh ayana sesebutan Islam Kasundaan (salaku padanan 'Islam Kejawen" di seler sejen), balikta anu aya nya sebutan "Islam jeung Sunda". Sabab, Islam anu asup ka Tatar Sunda mah heunteu direduksi kana budaya anu nyampak di masyarakat, balikta diwadahan jeung di kamaliran ku Budaya Sunda. Unsur religi Islam, saur Abah Surya, disawang tina jihat kabudayaan mah tiasa disebutkeun salaku salah sahiji ciri budaya (penanda budaya) penting masyarakat Tatar Sunda.
Ngeunaan kasenian Sunda, sajaba ti dipangaruhan ku agama (Islam), oge kuat dipangaruhan ku tradisi tatanen. Pagaliwotana anu tilu, nyaeta unsur (ajen-inajen) budaya Sunda, agama Islam, jeung wewengkon anu kuat ku budaya tatanen, geus ngalahirkeun Seni Tatar Sunda anu warna-warni pinuh ku kreativitas tur dipikareueus, boh ku seler sejen tunggal sanusantara atawa ku bangsa-bangsa sejen di mancanagara. Hal ieu sakumaha mindeng dilaporkeun, anu pangakhirna, upamana, seratan Kang Nano S. dina PR minggu kamari, anu nyaritakeun kumaha antusiasna masyarakat Eropa kana pintonan Kasenian Sunda.
Kukituna, dina raraga mulasara jeung mekarkeun Kasenian Tatar Sunda, daek teu daek, urang kudu ngaronjatkeun kahirupan tatanen (pertanian) urang. Sabab, kreativitas lahir nalika manusa salaku subyekna hirup dina kaayaan lohjinawi atau "sejahtera". Sedeng ari masyarakat urang apan lolobana patani.
Tina jihat agama, sikep ngalaksanakeun agama anu baris ngalahirkeun Seni anu pinuh ku ajen inajen teh taya lian ti sikep agama anu "intrinsik" tea, agama anu heunteu "diatasnama"-keun pikeun ngudag kapentingan duniawi (ti mimiti anu material tepi ka status sosial). Cindekna, agama anu dimensi pinunjulna taya lian ti dimensi sosial. Kukituna, Islam anu asup ka Tatar Sunda atawa anu dipilih dianut di Sunda mah lain Islam anu ngagadekeun simbol (baheula ieu teh). Sabab, luyu jeung budaya Sunda anu nyampak, anu heunteu ambon ku simbol-simbol (kabuktian dina titinggal sajarah, di wewengkon/masyarakat Sunda bisa disebut heunteu aya atawa langka bangunan2 monumental siga candi-candi)
Pikeun ngaronjatkeun deui kreativitas Seni Sunda, sikep ngalaksanakeun agama anu pinuh ku dimensi sosial kudu dihaeutkeun deui.
Saeutik catetan ngeunaan Nurhidayah jeung Nadoman. Nurhidayah yasana Abah Surya ieu parantos sakitu diapresiasina, sanes bae ku masyarakat luas, oge ku kalangan akademis. Tarjamahan Al-Qur'an (30 juz) dina wangun pupuh sekar ageung ieu direngsekeun ku pangersa Abah dina lebet 7 tahun, ngarupikeun hiji karya anu tiasa disebat "masterpiece"-na Drs. Hidayat Suryalaga. Sabagian tina Nurhidayah ayeuna geus jadi acara maneuh RRI Bandung dina acara panutup siaran, asana meh unggal peuting, dipintonkeun lengkep jeung seni nurhidayahanna (seni mintonkeun Tarjamahan Nurhidayah). Dina danget ieu, Abah Surya malah nuju neraskeun ngagarap tarjamahan Al-Qur'an anu dipintonkeun dina wangun Nadom.
Ngeunaan tarjamahan Al-Qur'an dina wangun nadom, anu diperyogikeun ayeuna rupina inventarisasi nadom ti sakuriling bungking wewengkon Tatar Sunda pikeun ngawadahanna (mintonkeunna). Jumlah nadom kana baris sakitu lobana, mangrupa kreativitas budaya masyarakat TS dina ngadumaniskeun agama jeung budaya, atawa dialog budaya-agama.
Ngeunaan kabeungharan seni Nadom anu tacan loba nu malire, naha Kusnet/YP heunteu aya minat kana usaha inventarisasi nadom ti sakuliah wewengkon Sunda, tuluy didokumentasikeun. Lebar ieu karya masyarakat teh bisi kaburu loba anu ilang heunteu dipulasara mah. Sajaba ti eta, hasil dokumentasi ieu urang tuluy manfaatkeun pikeun sarana ngawariskeun ajen-inajen luhur, boh tina agama atawa budaya.
Cag.
Baktos,
manAR
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ARTIKEL
Sabtu, 23 Oktober 2004
Nuansa Islam Dalam Kesenian Sunda
Oleh GANJAR KURNIA
Akulturasi Islam dengan Sunda dapat terlihat dari beberapa jenis
kesenian yang ada di tatar Sunda. Selain sebagai hasil dari interaksi,
akulturasi ini terjadi karena pada awalnya dan bahkan hingga saat ini,
kesenian seringkali digunakan sebagai sarana penyebaran syiar Islam.
Strategi seperti ini terutama dilakukan oleh para wali pada awal-awal
penyebaran Islam di Pulau Jawa. Pengaruh Islam terhadap kesenian Sunda
ini di antaranya dapat dilihat dari aspek tulis-menulis, cerita, seni
arsitektur, seni musik, seni pertunjukan, sastra, seni suara, dsb.
Penulis, Penikmat kesenian, tinggal di Paris.
--
kumi
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

