**********************************************
Haturan akang-akang nu aya dina jejer ieu,

....sumangga atuh, urang cobian 3M na Aa gym.... Mimitian tinu
leuleutikan heula, ...ti diri urang sorangan, .... ti ayeuna pisan !!
enya ayeuna pisann, sok geura narindak!!

Baktos na,

-pun adi-
**********************************
On Sat, 6 Nov 2004 02:42:45 -0800 (PST), putra mandiri <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>  
> Kahatur Dulur Sadayana, 
>   
> Wacana pernikahan wanoja Sunda sareng pameget Jawa teh saleresna pisan
> janten pamikiran kanggo abdi pribados oge. Abdi kalebet anu panuju yen
> pameget Sunda mah entong sakali-kali nikah kana wanoja Sunda, sanes alesanna
> gaduh pamikiran cara2 licik Walanda dina Divide et Impera tea, sanes kitu
> kang..! , mung abdi mah gaduh pamikiran kieu yeuh : "Iraha deui pameget
> (pamingpin) Ki Sunda tiasa mingpin dina bidang2 boh pulitik, ekonomi, sosial
> budaya, jeung sajabana ???". 
>   
>  Asa sararedih upami ningali kanyataan yen Ki Sunda wayah kiwari mah ngan
> saukur "penonton" sajah, ngan saukur "pelengkep penderita" sajah, dina
> percaturan nasional bangsa Indonesia. Naon atuh anu salah jeung urang Sunda
> teh ??? 
>   
> Dinten ayeuna kaleresan abdi ngaos buku anu kacida hadena, nyaeta buku
> otobiografi Pejuang Ki Sunda : Bapak Alm. Otto Iskandar Dinata "Si Jalak
> Harupat", kacida reueusna ngaos eta buku. Abdi pribados sajujurna ngaraos
> bangga tur sedih, bangga na mah : yen Ki Sunda teh ngalaman gagaduh tokoh
> pejuang nasional anu kacida harum namina jeung oge meni sakitu patriotik-na.
> Bung Karno (nu urang Jawa) oge ngaku kana kaageungan perjoangan Bapak Otto. 
>   
> Ari palebah sedihna :  Ciga na mah ti jaman baheula keneh aya pihak2 anu teu
> resep upami Ki Sunda mingpin ieu bangsa Indonesia teh. Kabuktian dina bukuna
> Pak Otto tadi, kumaha Pak Otista teh atos diculik tur dibunuh nganggo cara2
> anu biadab... Padahal anjeuna anu nentang walanda nganggo cara2 pidato anu
> gagah jeung kacida vokalna di jaman Volksraad (DPR-na Walanda), anjeunna oge
> anu ngarintis salam perjuangan : "MERDEKA!!"... mung dugi ka ayeuna teu aya
> hiji-hiji acan (boh pemerentah Pusat atawa daerah) pengakuan kana kaageungan
> nama Oto Iskandar Dinata teh... asa meni kacida teuing!!! 
>   
> Tisaprak harita mah, bisa diitung sabaraha seueur Ki Sunda anu gaduh kiprah
> dina percaturan pulitik/ekonomi nasional (nepi ka ayeuna oge katingalina mah
> urang Sunda tetep jadi minoritas di kabinetna SBY) 
>   
> Iraha deui Ki Sunda gagaduh tokoh anu sapertos : Ir. H.Juanda ? Bpk Oto
> Iskandar Dinata ? Letjen Marinir Ali Sadikin ? Letjen Mashudi ? Bpk Erry
> Riyana Hardjapamekas ? jeung sajabana ??? 
>   
> Hayu atuh sakumna Ki Sunda, urang miang kaludeung !!!! 
>   
>   
> Salam Ki Sunda, 
>   
> Yadi Setiadi.
> 
> 
> 
>  ________________________________
> Do you Yahoo!?
>  Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com 
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>  
>  Yahoo! Groups Sponsor 
>  
> 
> Get unlimited calls to 
> 
> U.S./Canada 
>  
>  ________________________________
>  Yahoo! Groups Links
>  
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke