Simana maung teh kuayana leuweung. Mun US teu bogaeun leuweung moal enya boga simaan.

Jalaksana Kertapati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ari alesan sim kuring naroskeun hal eta teh, teu aya sanes yen hal eta sumping tina kaprihatinan sim kuring khususna, umumna mah sakumna urang sunda. Kumargi sakumaha ku urang dipikaterang, urang sunda teh ngagaduhan hubungan anu raket pisan sareng alam. Eta ngaran pilemburan teh, tiasa sanes mangrupakaeun hiji "pengejawantahan" ki sunda sareng alam sakurilingna, utamina mah sareng patuwuhan sareng sasatoannana.

Masih keneh aya dina emutan sim kuring, dina waktos sim kuring masih keneh lucu (panginten) yen di lembur teh mani recet ku mangrupa-rupa manuk, tatangkalan anu hararejo keneh, sareng rea-rea deui. Nu ayeuna mah panginten hal ieu teh jadi hal anu kacida pisan sesahna, ari lain di sesa-sesa leuweung nu aya di tatar sunda, kayaning halimun, Gede Pangrango, sareng anu sanesna. Leuweung sanca anu dikaramatkeun ayeuna mung kantun sesa-sesa. Gunung Sawal geus mimiti dijarah. Jeung rea-rea deui. Anu hal ieu teh berdampak serius kana sasatoan nana.

Surili anu mangrupakeun sato khas tatar sunda, kiwari nasibna meni pikawatireun. Kitu deui owa, lutung, manuk heulang, anu baheula mah rea muter-muter lembur, ayeuna mah mung ngan ukur ngaran panginten pikeun sabagian pilemburan mah.

Eta hal ngajadikeun hiji patarosan pikeun sim kuring khususna, naha kadeukeutan ki sunda jeung alamna teh parantos luntur?. Anu hal ieu teh mangrupa "konsekuensi logis" tina mundurna rasa ngamumule kana budaya sorangan di antara bangsa urang. Tapi di sabagian pilemburan, hal ieu teh masih keneh di piara kalawan anteb ku sawatara US, sapertos urang Kuta di Ciamis, Naga di Tasik, Kasepuhan di Sukabumi, atanapi Baduy di Banten. Anu sabagian tina "kearifan tradisonal" maranehna dina ngamumule alam teh bisa jadi mangrupakeun conto kongkrit pikeun urang dina ngamumule alam anu sajati.

Eta oge, anu jadi alasan sim kuring ngagaduhan emutan, anu duka ieu emutan teh parantos aya sateuacana atanapi teu acan. Yen kanggo ngamumule alam sareng kanggo ngaikhtiaran alam sunda ka sajatina, panginten tiasa dikawitan ti dinya. Ngaguar kalawam utuh tapak jeung lacak para karuhun urang dina ngamumule alamna. Panginten hai ieu tiasa dikawitan tina ngaran pilemburan tea. Hipotesis sim kuring anu tipayun dteh dimaksadkeun kana hal eta, nyaeta kumaha tah lamun malikkeun keragaman (biodiversity) tutuwuhan urang khususna dikawitan ti dinya, tina nganrn lembur.

Kumaha lamun di pilemburan teh di pelakkan ku tangkal anu jadi ngaran eta lembur, minimal kanggo tetengger eta lembur. Misalna Ciparay, payus pisan lamun di ciparay teh aya tangkal kiparay, anu bisa jadi mangrupakeun titik tolak pilemburan nana.

Patarosan salajengna panginten, timana urang ngagaduhan eta tangkal kanggo pibiniheunnana? Jigana  Taman Nasional anu aya di tatar sunda tiasa nulungan kana hal eta, anu salah sahiji fungsina janten sumber plasma nutfah pikeun dimanfaatkeun kalawan sawajarna.

Kitu panginten, pangemut ayeuna mah, kumargi parantos magrib sareng teuacan natepan. Engke disambung deui, Insya Allah. Anu pasti, kuring mikasono kana hejona deui tatar sunda.

Leuweung sunda, tatar sunda sing hejo deui. Hayu.

 

Sim Kuring

Nugraha firdaus


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke