saleresna mah langkung gampil diajar basa sunda jeung tibatan diajar basa Indonesia.
buktina diajar basa Indonesia ti SD dugi ka SMA (12 taunan) tapi dina rapot mah tetep we angkanateh 6 nya.....
etateh bukti yen diajar basa sunda langkung gampil batan basa indonesia, ngan pedah ayeuna jarang nu nganggo
basa sunda nu leres, kaasup sim kuring. he...he..

nuhun,
Irwan I. Sutisna


--




-----Original Message-----
From: "Puspa Hiang" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, 24. Nov 2004 6:56 +0700
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] KUMEOK MEMEH DIPACOK

Naha urang kudu salempang lamun aya golongan anu hoream diajar basa
Sunda ku lantaran undak usuk basa? Hal sarupa kieu teh ngan saukur
alesan melankolis, kumeok memeh dipacok teh saenyana, hayang
gampangna bae. Padahal basa mah bisana teh ku lantaran diajar, lain
diturunkeun kitu bae. Da moal bisa nyebutkeun hoream diajar basa
Inggris sabab aya "tenses". Jadi diajar basa Sunda sabenerna
gumantung kana sikep, naha aya kareueus atawa henteu lamun bisa basa
Sunda (basa daerah sejenna oge sarua). Miceun, teu malire, atawa
kumaha karep mah gampang, tapi sanggeus dipiceun aya gantina? Rek
dieusi naon ieu lolongkrang teh? Carana ayeuna mah da geus jadi banda
masarakat Sunda, anggur kudu ditalungtik dicukcruk supaya aya teknik,
jeung metode ngajarkeunana, supaya gampil dicapek jeung ni'mat
didaharna. Memang, lamun ku urang haben diemutan, kapan diajar basa
Indonesia ge kacida hesena teh ari kudu alus jeung merenah mah. Komo
deui lamun ngulik basa jeung elmuna, wah, matak teu anggeus-anggeus
pasualan teh. Disebut kitu, ku lantaran loba keneh unsur-unsur (dina
basa Sunda) anu tacan kacukcruk ku elmu basa, sabab elmu basa teh
mekarna ngabelesat, di urang masih keneh riweuh ku pasualan ayakeun
atawa tong dipalire. Padahal ari nu bangga mah ngaraksa jeung
ngariksa tea.

Urang teu kudu salempang ku jumlah nu make basa Sunda, da buktina
geuning nambahan, bandingkeun bae sensus anu make basa Sunda, saperti
di handap ieu:
Taun 1930, aya 8,5 juta jiwa (Uhlenbeck, 1964: 9), taun 1977, dikira-
kira aya 19 juta jiwa (Ayatrohaedi, 1978 atawa 1985), taun 1980, aya
22.110.000, atawa 15% ti sakumna urang Indonesia, nya eta 146.775.000
jiwa (Biro Pusat Statistik, seri S, No.2, 1983, anu dicatet oge ku
Kongres Bahasa Indonesia IV, 1985: 19).

Basa gelarna ka dunya sarua jeung manusa. Hukum alam oge milu
ilubiung nangtukeun, lahir, mekar, jeung sirna. Geura titenan! Untung
teu terang saha "penutur asli" basa Sangsakerta, iraha ieu basa teh
gubragna ka dunya, jeung saha anu ngelehkeunana nepi ka Sangsakerta
palastra? Atuh ayeuna mah kari percaya kana elmuna bae, yen
Sangsakerta teh ngabogaan aturan-aturan anu geus matok, ieu kaasup
basa sampurna. Nya kitu deui nasib kecap-kecap anu aya dina hiji
basa, aya nu lahir ku lantaran perang, contona bae; Malvinas (di basa
Indonesia jadi singkatan tina "malu-malu tapi ganas"; dina basa Sunda
jadi ngaran kadaharan), atawa negosiasi (dina basa Indonesia). Ku
lantaran pangaruhna ejahan, muncul wangun-wangun saperti: "punk
lienk" tina pangling "tonk he tooth" tina tong hitut atawa "tonk he
love" tina tong hilap. Hal-ahl anu sarupa kieu kedah dikumahakeun?
Rek disebut ngaruksak ekologi basa? atawa tanda yen ayana gengsi
sosial ku lantaran "sentuh bahasa", nuduhkeun yen nu make ieu basa
teh geus dialajar basa deungeun, atawa paling henteu geus ngambeu,
ngan salah kokocoran (F. Djajasudarma, 1983: "Ekologi Bahasa" dina
Seminar Akademik Mahasiswa Fak. Sastra Unpad).

Urang peryogi sawala dina danget ieu pisan pikeun ngemutan kumaha
carana supaya barudak aya sumanget, daria, jeung reueus dina dialajar
basa Sunda. Atawa supaya maranehanana bisa make basa Sunda nu alus
tur hade, merenah kekecapanana jeung pok-pokanana. Lamun geus bisa
make basa Sunda anu hade tur merenah, geus tangtu dina make basa
Indonesiana oge bakal hade, sabab terang wates-watesna, atawa palebah-
palebahna mana basa Sunda, mana basa Indonesia. Ti ayeuna kedah
parantos diemutan nyusun tata bahasa Sunda "baku", ulah cekap ku nu
parantos aya (kayaning: Ardiwinata, J.Kats & M. Soeriadiradja, Momon
& Buldan, Djajasudarma & Idat A, jst). Buku-buku anu kasebut di luhur
tiasa dianggo ngawahan, bahan sawalakeuneun dina nyusun tatabasa
Sunda "baku". Urang ulah rek sugema ku nu geus aya dina palebah dieu
mah, sabab elmu basa teh mekar terus, nyaruaan teknologi, ulah rek
tinggaleun jaman. Disebutkeun perelu disusun tatabasa "baku" basa
Sunda, sabab basa Sunda masih keneh komunikatif, sakurang-kurangna
pikeun 22.110.000 jiwa urang Indonesia. ***


Meunang nyutat tina "Studi Kasus Undak-Usuk Basa Sunda" ku
Prof.Dr.T.Fatimah Djajasudarma (Dekan FASA Unpad jeneng).





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke