Para wargi sadaya,

Seja meredih pangampura ti sadayana bae, kulantaran heunteu pareng 
bisa aub ngumpul jeung warga Kusnet sejenna di pajemuhan Cimalati.  
Hanjakalna mah kabina-bina, lamun heunteu ras inget kana wates 
kamampuan manusa mah, moal boa poe Saptu kamari sapoe jeput 
gegelendeng jeung kukulutus kana panghalang anu nepi ka sorangan 
bolay ka Cimalati 

Lain arek tuturut munding ka Neng Elly, si kuring oge sarua peta 
teh, geus nandaan kalender ti anggangna keneh, tgl 27 Nopember 2004 
kudu ka Cimalati. Malah mah lain eta bae, ka padungdengan munggaran 
di darat keur bebenah eta acara oge kungsi hadir; atuh sms-an 
jeung "tatalipungan" reujeung kanca ti rengrengan panitia samemeh 
prungna acara, kaitung mindeng. Na ari dina waktuna, teu ku hanteu, 
aya halangan anu heunteu bisa dipumpang.

Satemenna ti 3 poeun deui kana waktuna, hate geus hemar-hemir, 
palaur teu bisa datang ka Cimalati. Peta kitu teh harita bareng 
jeung torojolna 2 tugas ngadadak ti kantor, kudu buru-buru 
direngsekeun. Dua-duana sarua ngadadak jeung kawilang beurat anu 
tara anggeus ku sapoe-dua poeu da maklum manajemen di pamarentahan 
tea. Anu kahiji kudu ngarengsekeun  "laporan akuntabilitas kinerja 
instansi pamarentah (LAKIP)" ti kantor kuring anu satemenna kudu 
anggeus minggu kamari, ngan nyakitu tea kapegat libur lebaran. Anu 
kadua kudu milian nyayogikeun bahan presentasi kantor di pajemuhan 
maneuh unggal taun inohong ahli geologi indonesia (IAGI) anu taun 
ayeuna pareng dilaksanakeun di Bandung poe ieu pisan (29 Nopember 
2004).

Tepi ka ayeuna sabenerna mah tugas-tugas teh teu acan rengse 
sapuratina, utamana anu kahiji. Lumayan, awak karasa pasiksak, 
kulantaran ampir 4 poe tuluy-tuluyan manco dina hareupeun komputer, 
tepi ka kamari poe ahad oge lembur, sok sanajan di imah. Lamun aya 
anu natanyakeun :"Naha heunteu ngokolakeun anak buah pikeun 
ngarengsekeun pagawean teh?" Pananya sarupa kitu geus ampir bosen 
nembalan, sarua ampir bosenna jeung ngusulkeun cara pangropea pikeun 
ngabeberes manajemen kantor pamarentahan, khususna di patempatan 
sorangan digawe. Cag bae lebah dieu na mah, inggis kapapanjangan.

Sakali deui, hampura ka balarea, rumasa heunteu kawasa 
ngalaksanakeun rarancang. Khususon ka Ua Siddik, Kang Gunawan, Kang 
Eko, Kang Kandar, Kang Hendri, Kang Tatan, Teh Imas, Teh Tien, 
sareng sadaya rengrengan panitia anu kungsi patepung di bumi Kang 
Eko, hampura sim kuring heunteu bisa nyumponan paniatan. Oge ka MJ, 
Ua Sas, Kang MGT anu ngawanti-wanti pisan kudu datang ka Cimalati 
dina waktuna, hampura sim kuring heunteu cunduk ka pajemuhan 
mangkukna di Cimalati.

Anapon kana hasil pajemuhan, sim kuring ngarojong pisan. Ngeunaan 
perkara zakat, keun engke urang guar. Anu jelas kalawan ringkes, aya 
lolongkrang pikeun urang ngokolakeun sabagean tina zakat.

Cag heula.
Baktosna,
manAR
NB:
Ka MJ sareng Kang Iim, hampura (deui bae) sms-na heunteu kungsi 
diwalonan, harita basa Saptu tea.   





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke