Kang Durahman nu dimaksad Puri Padjadjaran mah estu imajinasi sim kuring ka Karaton (Pakuan/Kedaton?) Padjadjaran. Ieu mah hayangna sim kuring we US teh boga wujud Karaton Padjadjaran. Maca buku "Nyucruk...." cenah Karaton/Pakuan teh ngajajar aya opatna ti Bogor nepi ka Bekasi (?). Kulantaran ieu mah hayalan rekonstruksi nya carana nga"refer" ka Puri Osaka, enya ge wangunan anyar tapi dina hate urang Jepang mah tetep we jadi simbul/ciri ayana "pemersatu Jepang" jaman Toyotomi Hideyoshi (Puri aslina mah ancur 2 kali dibeuleum thn 1800an jeung dibom thn 194an). Hayangna sim kuring US teh bisa nempo "oh kieu geuning karaton Padjadjaran teh.
Astana Padjadjaran? Ieu oge imajinasi sim kuring kagagas ku Astana Imogiri Mataram jeung Kaprabon Sukapura di Tasik.
Punten pami imajinasi sim kuring ngarieugkeun baraya nu memang di widang sajarah. Ieu mah hasil "renungan" sim kuring waktos di Trowulan Mojokerto. Boh Padjadjaran boh Majapahit kulantaran ampir sagala masalah dilumpatkeunana kana nga"hyang" (ngaleungit), oge loba pahibut ku "debat" 4W + 1H tungtungna nu aya "terlantar". Keur diri sorangan mah asa mending ngajak barudak ka Puri Padjadjaran daripada ka Istana di Taman Mini atawa Istana di Taman Bunga.
Rek ngajak ka Keraton Banten da can ngartieun ningal tutunggul wungkul mah. Atuh mun rek ka Keraton Kanoman nu napel teh meureun pasar Kanoman.
Mun rek nataan jeung ngarekonstruksi teh meureun dimimitian ti Kanoman, Banten, terus Padjadjaran.
Salam
TCW
durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Monday, November 29, 2004, 1:57:45 PM, Tirta wrote:
<My answer at the bottom of this page>
> # 2012
> Dengan bantuan JICA (Jepang) dimulai rekonstruksi Puri
> Padjadjaran, menggunakan teknologi yg sama ketika merekonstruksi
> Puri Osaka yg hancur lebur pada PD II
Tiasa dijelaskeun leuwih langkung naon puri padjajaran teh? Timana
asalna..jrrd pertanyaan (basa igrisnamah 4W+1H=what,why, when,where,
jeung How). Patarosan ieu berlaku oge kanggo tulisan dihandap ieu;
> # 2014
> Penataan kembali "Astana Padjadjaran"
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

