Ngiring bingah ku parantos gelarna divisi bisnis Kusnet via 
internet. Ngarojong kana sagala rupi usaha-usaha dina widang ieu. 
Rupina perkawis aturanna kedah teras-terasan disosialisasikeun, 
ngalangkungan milist bae heula (sacara rutin diposting khusus aturan 
ieu kios Kusnet di internet, upamana ngeunaan bagi hasilna, jsb).

Ku ayana hal ieu, ayeuna tos kasaluyuan ngagelar informasi bisnis di 
internet anu kapungkur kungsi rada dipadungkeun kalayan haneut, 
upamana soal bisnis MLM di ieu milist. Bral miang.

Kanggo dadasar, nurutan MJ, informasi ngeunaan usaha anu eukeur 
dilakonan jeung geus jalan ku si kuring aya sababaraha hal, 
diantarana:

1. Asistensi nyusun proposal jeung laporan-laporan widang 
perencanaan program, RENSTRA,  neraca lingkungan hirup, oge usaha 
khusus di widang pertambangan (AMDAL, jst)jsb-->mangga ka anu aya 
hubungan raket sareng daerah, kontak bae alamat di handap.

2. Sarana pertanian: pupuk cair organik sareng hormon perangsang 
tumuwuh tatanen (pare/sawah), perkebunan, kebon sayur jeung tanaman 
hias. Anu parantos jalan gawe bareng sareng salah sawios perkebunan 
di Ciwidey (kanggo referensi)-->ringkelan informasi tiasa 
ngalangkungan japri.

3. Networking (MLM) salah sawios produk kasehatan ramah lingkungan
->ringkelan rincina tiasa dijelaskeun ngalangkungan japri...total 
member sim kuring ti kawit mei 2004 dugi ka ayeuna parantos aya kana 
30 urang

4. Anu arek dipaju bareng jeung jaringan radio suara petani (JRSP): 
ngokolakeun runtah jadi gemuk organik (NPK Super), keur dina tahap 
wangkongan sarius

Alamat kontak: 
Oman Abdurahman
Jl. Puyuh dalam I No 9
Bandung 40133
Tlpn 022-2509576
HP: 081320691773

Baktos,
manAR 
--- In [EMAIL PROTECTED], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mun tiasa mah, eta mall kusnet teh didamel htm na, lebetkeun, ku 
kang Eko
> Nugraha ka www.urang-sunda.or.id
> 
> si kuring oge bade ngadadasar, kieu unina
> 
> MINERVA Design
> rajamantri kaler 23 bandung
> 022 7303024
> 0811245487
> -----------
> konsultan desain interior-arsitektur, mebel, desain grafis, 
sarupaning
> gambar
> --------
> 
> 
> Alhamdulillah geuningan Mall KusNet CyberMall teh tos aya 
pangeusina.
> kios anu muka diantawisna kios buku-buku agama, kios kerajinan 
rumah
> tangga dina hal ieu katuangan (sale cau, kiripik sampeu jjrd), di
> blok A1 No.1.
> masih keneh di lantei hiji aya deui nu muka kios jaket kulit,
> komputer rakitan, software diantawis na "SIRS" sistem informasi 
rumah
> sakit.
> 
> http://geocities.com/mangjamal





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke