Bagja atuh kang Boim nu mepende budak make lullaby Sunda. Naros Kang, ari mepende indung barudak tapi supaya hudang kumaha lullabyna? -:)
 
TCW

kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Mangsa budak nu kahiji umur sataun kurang sim abdi sok mepende teh
bari ngariring lagu ayun ambing atawa nelengnengkung (bari jeung rada
salah tapi nu penting ngawirahma...hehe).
ALhamdulillah budak teh sok nepi kasarena, sok sanajan ari ceuk Uwana
mah, beu...eta kaciri nya urang sumedangna teh mepende ge bari ngawih
ayun ambing...cenah. komo lamun hariring eta dibarengan ku gelikna
sora suling wah...mingkin tibra geura...heheh.

BM'69
-budak nu kadua ge sami osok....

--- In [EMAIL PROTECTED], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami teu lepat mah kieu geura lengkepna

> Yun ambing, ayung ambing .. di ayun-ayun ku samping
> Ieu kasep (nami putrana)... hoyong bobo, hoyong na di ambing-ambing
> Ieu apa arek gawe, gawena gawe naon bae..

> Neng... nelengnengklung....
> Geura gede geura jangkung...
> Geura sakola ka Bandung
> Geura makaya keun indung

> Ku indung di jurung-jurung
> Ku apa di biaya an....


> Punten ah ngan sakitu nu apal, bilih lepat punten deui pang lereskeun..

> Baktos / Kamal


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke