Hatur nuhun kang Ya, mugi2 we atuh kang Yaya tiasa ngaluuhan.... 
sugan aya tiket haratis atanapi tugas ngadadak... biasana oge kitu 
sanes?? Nya pami henteu oge, hatur nuhun tos dipangbukapintukeun 
didieu... :) 

~ipup~

--- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Si Empup jeung Arja basa ngendong di imah kuring di
> Situraja, aya pameredih ka kuring cenah hayang
> dipangnyawerkeun atawa di pang buka pintukeun ku
> kuring (baheula mah keur mahasiswa kuring song rajeung
> nyawer jeung buka pintu), eteu kungsi kasanggupan
> jeung moal kasanggupan da uing can tangtu ka lembur
> dina ngadahupna si Empup jeung Arja teh. Tah ayeunamah
> minangka ngaladangan pameredih si Empup jeung Arja,
> mangga nyanggakeun guguritan buka pintu anu biasa ku
> uing didangdingkeun:
> 
> Mimiti Lalaki keketrok...(dina corong speaker)
> 
> AWEWE:
> Saha eta anu kumawani ngetrok lawang
> jin atawa jalma
> mun jalma rek maksud naon?
> ulah kitu nya laku
> kurang adab jeung tatakrami
> teu make suba sita
> lir nu kirang elmu
> tur sampean urang mana
> banjar karang pamidangan
> geusan cicing......
> naon anu diseja?
> 
> LALAKI:
> Nyai ulah reuwas-reuwas....
> Panan akang nembe sumping....
> nembe wangsul tipanghulu...
> nohonan pamundut Nyai....
> seja ikrar ku sahadat
> pikeun jadi dahup raga
> 
> AWEWE:
> Aeh geuning kutan kakang
> sumangga bagea sumping
> hapunten abdi kalinglap
> da puguh wuwuh pangrungrum
> mung aya pamundut heula
> samemeh urang ngahiji
> 
> LALAKI:
> Mangga Nyai geura nyaur
> naon nu dipikahoyong
> akang tangtu nyubadanan
> sanajan ku raga jeung nyawa 
> 
> AWEWE:
> Pamundut deui sahiji
> muga akang sok ibadah
> muji ka Gusti yang widi
> neda ikrar ku shahadat
> 
> LALAKI:
> Mangga Nyai akang sumpah
> di dunya jeung di akherat
> Ashadu alla ilaha illawalah, waashadu anna muhammad 
> darossulloh.
> 
> AWEWE:
> Sumangga lawang dibuka (bari nyingraykeun samping
> panghalang panto).
> 
> Heug nya Pup sing bagja...
> KangYa
> Tungtung Seoul
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - What will yours do?
> http://my.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke