Hiji Desember

gurat seuneu patingburisat di langit luhureun panyalindungan
langit ceudeum katutupan mega nu ngagulung
nyiliksik asup kana hate ngalimpudan rasa na jero dada

hawar-hawar sora hariring melengking ngurilingan peuting
nurihan hate nu keur rungsing
hiliwir angin peuting mawa talatah liwat kalakay
cenah manehna  ayeuna keur tunggara

baeu teuing geulis,
akang ge ngilu tunggara
rumasa akang pernah ngajak ngungudag bentang
nepika anjeun ragrag tina pamuntangan

harita oge tanggal hiji desember
teu karasa waktu geus liwat dua taun ngalayang
tapi unggal renghapan masih aya lagu urang
masih ngancik dina lelembutan

[Ku Toni Sofian, Cibitung 1 Desember 2004]
*Khususon keur anu milangkala poe ieu





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke