enya kitu cigana langkung sae kang...
sok lah keur wilayah jabotabek mah 
anu samentawis di sekretariatan di bumi akang nyalira apanan
kantun pupuhu wilayahna bade saha...
kang tirta cigana langkung sae atawa akang nyalira

baktos
agus pakusarakan

"jakarta nu aing ahhh"


On Mon, 29 Nov 2004 17:34:31 -0800 (PST), akos kosasih
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Anu janten pengemutan sim kuring, nyaeta perkawis
> palinggihan baraya Kusnet anu kalintang silih
> paanggangna anu matak ngabalukarkeun pikeun koordinasi
> kegiatan urang di alam nyata. Dina kaayaan kieu,
> sigana pe-maksimal-an SDM Kusnet dina raraga kagiatan
> nyata rada hese kaudag.
> Tah ningal kaayaan kitu teh, sigana kedah aya
> regionalisasi wilayah Kusnet anu tiasa ngagampilkeun
> lengkah urang sangkan teu meakeun tanaga jeung waktu
> pami  kudu ingkag ingkig kaditu kadieu anu tungtungna
> oge meakeun waragad.
> Numutkeun data geografis baraya Kusnet sigana
> komunitas urang tiasa dibeulah jadi regional
> Jabotabek, Bandung Raya, Batam, jeung regional sanesna
> upami enya komunitasna rada seeur.
> Anu janten emutan sim kuring kanggo revitalisasi SDM
> Kusnet, nyaeta kabeh anggota tiasa janten pionir di
> regionalna sewang-sewangan. Ari ningal dina ageungna
> kanyaah baraya Kusnet kana TS jeung kasundaan, sigana
> sim kuring percanten pisan urang tiasa (jeung kudu
> bisa) ngaronjatkeun jeung ngamumule TS oge kasundaan
> ku cara regional sewang-sewangan. Da memang kaayaan
> jeung ciciren sosial unggal regional oge beda-beda.
> Moal mungkin strategi budaya Sunda di Bandung anu loba
> urang sundana dilarapkeun di Jakarta atanapi Surabaya
> misalna anu taya ciciren sundana pisan.
> Dina kaayaan pagawean anu rek diudag teh enya kacida
> gedena, tah wayahna urang kudu nyunkeun widi heula ka
> sararea, enya siga sidang pleno tea.
> Wayahna urang papada hudang ngudag kahayang...
> 
> baktos akos
> 
> --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kang Rachmat,
> >
> > Tangtuna oge pasoalan-pasoalan anu seja dibeberes ku
> > Kusnet ngeunaan
> > kamajuan US teh moal rengse ku pajemuhan sapoe. Hiji
> > hasil anu
> > kacida mucekilna tina pajemuhan Cimalati, taya lian
> > upama aya
> > pajemuhan maneuh, upamana tiap bulan dina heunteuna
> > bisa leuwih
> > kerep ti eta oge, pikeun lajuninglaku garapan. Ieu
> > teh kalintang
> > perluna. Dina heunteuna diluuhan ko mayoritas, atuh
> > wawakilna anu
> > kapeto mah kudu aya lengkah pikeun ngawujudkeun eta
> > pajemuhan
> > maneuh. Patempatan mah leuleus (fleksibel) bae, bade
> > di Jakarta,
> > Bogor, atawa Bandung. Upama heunteu bisa diwijudkeun
> > copy darat
> > maneuh, pajemuhan di alam maya anu khusus nya bisa
> > dipilih salaku
> > pangganti.
> >
> > Soal merekiskeun eusi pesak yayasan, upamana,
> > tangtuna bae perlu
> > pamikiran anu leuwih jero. Kairong, seueur sumber
> > daya di rengrengan
> > anggota Kusnet anui tiasa dihudangkeun pikeun
> > lajuninglaku ekonomi
> > Kusnet, khususna, jembarna US. Tapi, upama heunteu
> > aya sarana
> > madungdengkeunna anu maneuh mah kana moal ngawujud
> > jadi potensi,
> > komo prakna mah, di alam nyata eta sumber daya teh.
> > Ceuk pipikiran,
> > nya ieu tafsir harta karun Pajajaran anu operasional
> > mah,
> > ngawujudkeun pagempungan US anu maneuh pikeun
> > ngahijikeun sakabeh
> > sumber daya anu sumebar (da "karaton geus tilem") di
> > saantero jagat,
> > dipateakeun deuipikeun kawalatraan ekonomi US.
> >
> > baktos,
> > manAR
> >
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Sajajalan,kuring, Kang Tirta jeung Kang Akos,
> > nyambung
> > > pangalaman halal bihalal di cimalati. Naon anu
> > > dibewarakeun ku Kang Tantan perkara "rumusan"
> > > pajemuhan sapeuting jeput, asana teh "equivalent"
> > > pisan jeung obrolan kuring tiluan. Atuda Kang
> > tirta
> > > jeung Kang akos mah ahli dina soal "paduitan"
> > (lulusan
> > > STAN), nya anu jadi udagan teh, kumaha sangkan
> > "Kanjut
> > > Kundang" Perceka merecit (pinuh).
> > > Kumaha taktik sareng strategina, Sok lah kang
> > Tirta
> > > tong asa-asa dijentrekeun, ngalengkepan rumusanana
> > > Kang Tantan.
> > >
> > > baktos,
> > >
> 
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke