Aeh, memang enya cenah Mang H. Salasahiji sangkaan pangna loba jalma
nu ngaku turunan jalma aheng/sakti/raja mashur teh nya kadinya tea,
kaasup nu ngaku turunan Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja). Sabab
lamun ku urang dicukcruk, bukti otentik nu nunjukkeun silsilah Prabu
Siliwangi ka handap paling dugi ka katurunan ka sabaraha?

Tah, ngeunaan jalma jangkung badag/nu leuwih ti rata2. Kuring kungsi
manggih hasil panalungtikan di urang Kaukasia (bule), yen cenah enya,
lolobana jalma nu meunang kalungguhan luhur boh di pausahaan,
organisasi, atawa naon bae teh jalma nu leuwih jangkung ti nu umum.
Mun dipatalikeun jeung teori evolusi tea mah, atuh hasil ieu teh
ngabobotohanan pisan. Yen cenah, jangkung nu leuwih ti rata2 teh hasil
tina evolusi, sangkan mangkeluk2 bisa leuwih hasil dina persaingan
hirupna.

Sakitu heula ah, paramiosso...


On Thu, 2 Dec 2004 01:05:49 -0800 (PST), mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> perkara mitos, saperti nu diserat ku kang oman. kuring
> jadi emut kana seratan pramudya ngeunaan mitos ratu
> roro kidul, yen cenah tiap raja jaya nikah ka ratu
> kidul. ceuk pandangan aranjeuna eta mitos diciptakeun
> pikeun 'mengokohkan' kalungguhan para gegeden jawa.
> supaya leuwih dipihormat ('dipikasieun') ku rahayatna.
> upama disaliksik mah, seueur mitos-mitos jiga kitu
> teh. misalna jubah jendral sudirman, kabejakeun jarang
> aya nu mahi cenah. da ukuranana leuwih ti manusa
> biasa. kitu deui kuburan nu dikaramatkeun, sok leuwih
> panjang ti kuburan biasa. jigana geus jadi mitos,
> lamun leuwih jangkung leuwih hade. leuwih badag lewih
> hade. leuwih bodas leuwih hade.

-- 
kumi


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke