Di lembur abi ge (Ciawi-Tasik jalanna nu bade ka Panumbangankeun), 
waktos boboran kamari, alo umur 3taunan (ti gigir, budakna kapi 
lanceuk), leungit. Tadina eta budak teh dicandak nyekar ka makam, 
kaleresan makam kulawarga 500mtr tukangeun imah, ti imah ka makam teh 
kahalangan ku sawah... Ari budak tos dicandak deui ka bumi, da 
babarengan jeung indung bapana.. malihanmah keur arulin jeung 
dulur2na.. Pek teh leungit, budak teh teuing kamana, nepi ka 
kokotetengan pada nareangan.. Geus kamana, geus kamendi.. Sababaraha 
lila tidinya, aya bapa-bapa jigana rek nyekar ka makam kolotna, bari 
nuyun eta budak, budakna ceurik ngageunggeuik.. Kapanggih ku si eta 
bapa, cnah budak teh keur ceurik weh di makam pun Ua (ninina eta 
budak).. Bari nyarita kieu cnah "Ibu, tong ninggalkeun Ade, Ade 
sieun!".. Nya ditaros ku si eta bapa teh, "Dupi encep ti mana?" "Ti 
Gunung Lumbung (Garut)" ceuk budak, nya ahirna ku si bapa2 dituyun 
nepi ka imah... ari geus d imah, budak teh ceurik wae, nya dipasihan 
eueut, trus ditaros... "Ade sareng saha ka makam?"... "Duka da ade 
mah, mapah, lumpat mapah lumpat mapah lumpat..." kitu cnah...  "Teras 
aya saha wae diditu? "Aya aki, aki, aki, aki, aki!" jadi loba aki-
na... 

Ceuk simpulnamah cnah eta budak teh dibawa ku Ninina, da basa keur 
jumenengna keneh, Ninina teu meunang ngais-ngais acan...... 

Wallohualam bissowab.... 


~ipup~


--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> alam pilemburan, dibandingkeun jeung dayeuh, memang
> deukeut jeung kajadian-kajadian alam nu moal kalaman
> di dayeuh. kapercayaan sabagian urang lembur kana nu
> disebut jurig, kadang-kadang sok simanfaatkeun ku
> urang dayeuh. jiga dongeng 'belut putih waduk darma'
> kang oman geuning. 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke