Tilam sono kasadayana ... baraya di Lembur Babakan Kusnet ... !!!

Sagala rupi anu dicarioskeun ku Kang Agus perkawis Bandung kiwari 
estu hiji kanyataan ... Bandung kiwari sanyatana benten jeung Bandung 
Baheula ... anu hejo ngemploh, hawana tiis, patali margana lancar, 
jelemana someah ... estu genah merenah tur tumaninah ... cenah !

Sanajan Bandung ramijud
Kuring moal rek jamedud

Sanajan Bandung teu ngemploh
Kuring henteu weleh bogoh

Sanajan Bandung teu tumaninah
Kuring tetep arek mikanyaah

Sanajan Bandung kiwari panas
Kuring teu weleh ngarasa waas

Sanajan Bandung beuki riweuh
Kadeudeuh kuring moal rek euweuh

Ka baraya anu hoyong bernostalgia ... nyoreang alam ka tukang ... 
mangsa Bandung hejo ngemploh ... mangga geura toongan sakedap di : 
http://bandung.blogdrive.com/ ... di dinya aya keneh sacangkewok Kota 
Bandung anu hejo ngemploh ... pinuh ku tutuwuhan !

Mang Osam
[Tumbilaloka]

 

"Agus Mth" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hapunten kasadayana, sim kuring rek cumarita ka balarea.
>  
> Nelengnengkung..nelengnengkung...geura gede geura jangkung.. geura
> sakola ka Bandung .....geura... Inget keneh meureun, eta teh 
sapotong
> tina hariring kolot-kolot urang baheula lamun keur ngasuh atawa 
mepende
> budak. Eta lagu teh sigana diijabah ku Gusti Alloh, keuna ka diri
> kuring.
> Ari kolot kuring duanana urang Cicalengka, eta oge kaasup pasisian. 
Atuh
> kacida reueusna lamun jaman harita bisa nyakolakeun budak ka 
Bandung.
> Nya ti mimiti SMA mah kuring teh sakola di Bandung, SMA Negeri 10.
> Cicalengka, Garut, Tegallega, Bandung jeung sabudeureunnana teh geus
> ngawengku rasa cinta kuring ka alam parahyangan. Saestuna pisan yen 
alam
> parahyangan teh layak dicintai, dipika meumeut. Jelemana saromeah,
> hawana tiis ngadalingding, caina herang tur tara kurang. Kadaharan
> raraos, tatangkalan hejo ngemploh. Estuning tatar sunda parahyangan 
taya
> bandingannana.
> Karesep kuring kana ngurek, nguseup jeung ngala jangkrik. Tah 
karesep
> eta anu jadi sabab diri kuring akrab tur wanoh kana alam lingkungan
> kahirupan. Bau leutak jeung jarami, ngorolokna cai jeung hariring
> pilemburan anu hese digambarkeunnana.
>  
> Nelengnengkung..nelengnengkung....
> Rengse sakola ti Bandung, alatan tugas kuring ngumbara ka luar pulo 
nepi
> ka rarabina tur boga anak hiji. Tidinya kuring sakola deui ka 
Bandung.
> Ari kahayang mah rengse sakola teh tugas kuring dipindahkeun ka 
Bandung.
> Kanyataannana kuring kalah dipindahkeun ka Malang. Rada kaupahan da
> Malang oge tiis siga Bandung, siga tatar Sunda, cenah. Mimitina mah
> enya, tapi lila-lila mah beda.Tiisna hawa di Malang ku kuring mah 
karasa
> garing jeung matak hideung kana kulit. Caina oge teu pati seger 
siga cai
> alam parahyiangan sok sanajan di Jawa Timur mah kasebut wilayah anu 
pang
> dipujina, pang dipikaresepna pariwisata.
>  
> Nelengnengkung..nelengnengkung....
> Lima taun gawe di Malang, kuring sakola deui ka Bandung. Ari anak 
jeung
> pamajikan mah ditinggalkeun di Malang. Kuring indekos di Bandung, 
balik
> dua minggu sakali kana kareta api ka Surabaya disambung ku kareta ka
> Malang atawa turun di Jombang disambung beus ka Malang. Ampir dua 
tahun
> kuring ngalakonan kitu teh, tepi ka arapaleun kondektur Mutiara 
Selatan
> mah.
> Sarengsena sakola, di kantor teh di bere formulir anu kudu dieusian
> nyaeta milih hayang ditugaskeun di mana ? Atuh teu antaparah deui
> kukuring dieusian pilihan ka hiji menta ditugaskeun di Bandung, 
pilihan
> kadua menta ditugaskeun di Bandung sabab baheula oge mimiti 
ngamprah rek
> milu sakola ikatan dinas teh di Bandung. Tapi dasar can aya nasib,
> angger we tugas teh balik deui ka Jawa Timur. Sigana Bandung mah 
keur
> kuring ngan ukur tempat sakola da bongan baheula pangdu'a kolotna 
kitu.
> Atuh nepi kaayeuna di Jawa Timur teh geus ngawelas taun. Cicing di 
tatar
> Sunda keur kuring masih keneh impian.
>  
> Nelengnengkung..nelengnengkung....
> Tadi peuting kuring karek nepi ka imah balik mudik ti Bandung, 
nepungan
> kolot anu kari sabeulah jeung adi-adi anu ayeuna geus baroga budak.
> Lumayan rada lila di Bandung teh, rada wareg weh kukurilingan teh. 
Keur
> mah kalender beureumna kebat saminggu katurug-turug taun ieu mah 
ngahaja
> lebaran di Bandung . Beda jeung taun kamari lebaran di mitoha di
> Palembang jadi ka Bandung teh ngan ukur nyimpang dua tilu poe.
> Hasil tina lalampahan sapuluh poe di Bandung, kuring nitenan kana 
sagala
> kaayaan jeung kahirupan. Geuning Bandung teh beda ayeuna mah. Lain
> Bandung anu baheula anu ku kuring dipika geugeut tur dipikareueus. 
Sawah
> pang ulinan pinuh ku pabrik, walungan paranti kokojayan jeung 
ngeueum
> lamun bulan puasa caina bulao semu hideung, jeung deui matak arateul
> cenah lamun dipake mandi teh. Lembur anu tiis matak nineung 
kukorosakna
> daun awi katiup angin, ayeuna mah teu aya, anu kadenge teh sora ojeg
> jeung mobil atawa sinetron ti imah-imah. Gunung geulis siga anu 
budug,
> sisina pinuh ku imah. Pasir Candi oge dugul jeung lidig pisan da 
sarua
> dipelakan imah. Jajalanan macet teu puguh rupa, jelema hararak
> sautak-saeutik kudu ngaluarkeun duit. Rajeun aya angkutan taxi tapi
> sebel ku kompakna sabab kompak teu benerna, kompak arembung make 
argo.
> Hawa Bandung karasa pisan bedana, panas kacida. Tong boro 
tibeurang, jam
> sabelas peuting kuring masih keneh ngarasa hareudang sasatna kuring 
teh
> jelema anu datang ti daerah panas, Surabaya - Sidoarjo.
> Di imah, boh ka anak atawa ka pamajikan, kuring sok loba nyaritakeun
> kumaha ngeunahna Bandung. Reueus pisan ku Bandung teh matak hayang 
pisan
> pindah ka Bandung. Tapi ningali kitu, hate kuring jadi galideur.
> Bingung lamun pindah ka Bandung teh nu ngeunah cicing di mana, anu
> karasa keneh parahiyangannna ?
> Bandung teh ayeuna mah teu someah ka kuring, teu aya kadangu tembang
> ciajuran, tara kadangu ketuk tilu kendang atawa penca sumawona 
degung
> mah. Bandung tos luntur. Anu puguh mah Bandung teh jadi lautan 
jelema
> anu teu barisa seuri. Teuing ti mana wae tah jelema teh.
>  
> Nelengnengkung..nelengnengkung....kuring teu bisa balik ka Bandung
>  
> Surabaya, 22 Nop2004
>  
> Agus Muthoharun





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke