Assalaamualaikum wr. wb.

Nepangkeun wasta pun Ali Ramadhan. Yuswa 41 taun. Ari
lahir mah di Bandung. Ti taun 1966-1969 ngiring ka pun
Bapa Kol. Bustomi Burhanuddin, tugas Atase Militer di
Manila. Nanging ti barang dikantunkeun maot nyaeta ti
kelas 2 SD dugi ka SMA (1970-1981) ngiring ka pun
biang Ibu Eharetna Burhanuddin mulih ka kota asalna :
Majalengka. Ari ditanya pituin ti mana, sim kuring sok
ngajawab ti Majalengka bae.Lamun disaha-saha ku
kasepuhan di Majalengka, sim kuring sok ngaku  incuna
alm. Bapa Camat Arnali. Tah, moal bireuk deui. Dina
taun 1981 sim kuring balik deui ka Bandung, tolabul
ilmi di Fisip jurusan HI Unpad. Samemehna kungsi di
Akpernas (ayeuna Unbar) mung teu dugi ka rengse. Ti
saprakna lulus ti Unpad, sim kuring jadi kuli di
Asuransi Bumiputera (1988), Hotel Kumala (1989-1994),
Developer Raya Incorp (katelahna PT Margahayu Raya
tea) (1994-2001). Ti taun 1998 nepi ka ayeuna sim
kuring ngahonor jadi "Umar Bakri" di sababaraha
paguron di antarana : Poltek LP3i di Jl. Pahlawan,
Poltek LPKIA di Jl. Soekarno Hatta sareng di Poltek
Ganesha/STIE PN.Sim kuring ku Gusti dipaparin dua anak
awewe, duanana can sarakola, ma'lum kakara umur dua
jeung tilu taun. (Bubuhan telat kawin jeung eta deui
dicoba ku Nu Agung, tujuh taun ngantosan si utun
injina teh.) Ari pun bojo mah wasta pun Endah, angger
hiji bae.. he, he.. (alhamdulillah ketah). Sim kuring
resep kana Basa Sunda ti bubudak keneh. Ari ayeuna mah
sok kapapancenan jadi MC atawa wawakil ti kulawarga
pikeun nepikeun biantara (kawas Andi Mallarangeng-na
dina kapresidenan SBY) khususna dina acara ngalamar,
syukuran jrrd. Alamat sim kuring sakulawarga di Jl.
Margawangi Selatan IV/196. Caket bumina Kang Ibing
sareng Pa Mamat (nu gaduh Rumah Baca tea). Tah sakitu
anu patalina sareng diri sim kuring. Manawi tiasa
nyambungkeun tali silaturahmi sareng anggota Kusnet
sanesna. Diantos pisan. Mangga. Wassalamu'alaikum wr.
wb.     

________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" 
your friends today! Download Messenger Now 
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke