Muhun ah, kang Yani aya lapangan tenis meja teu? abdi bade nyandak tepokanana 
sareng bola ping pong, atanapi anu gaduh bola voli candak oge...... Kang Akos 
abdi ngiring kang akos wae atuh? tabuh sabaraha miangna, tah kang Ragil 
oge..urang sareng kang akos wae....pami boleh ku kang akosna...

Nia

-----Original Message-----
From: akos kosasih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, December 08, 2004 11:41 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ping 11 desember tea



Punten, nembe tiasa ngiring mairan deui anumawi nuju
pakepuk pisan di kantor. Insyaalloh sim kuring sareng
pun bojo oge bade ngiring ka UI Depok bari ngasuh pun
bungsu, da cikal jeung pangais bungsu mah sabtu enjing
kedah sakola heula panginten.
Sugan US Jakarta aya nu tiasa badminton, cik ngabantun
reketna, hayu urang tanding di diditu, ieu oge lamun
aya lapang badminton na...
Minggon ayeuna, dina dinten Kemis jeung Jumaah ping
9-10 Des, sim kuring aya training di luar kantor, di
Thamrin-Jakarta. Ka sing saha bae baraya anu kantorna
di sabudeureun Thamrin, mangga diantos sms na ka hape
0811-17-1056, mamanawian urang tiasa patepung lawung
di ditu. Kukituna oge sigana sim kuring moal tiasa
noongan lembur heula dugi ka monggon payun. Ka baraya
anu bade konfirmasi gempungan di UI Depok, mangga
nga-sms bae. Hatur nuhun..

baktos akos
  

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet
> Jakarta,
> hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
> kempel-kempel ping 11 Desember.
> Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo acara
> anu dimaksad.
> 
> Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
> sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya
> di
> Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
> Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
> administrasi Universitas Indonesia/gedung Rektorat.
> Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
> (Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina nya?).
> Upami masih enjing mah udarana teh masih seger, teu
> acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir di
> kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
> biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas
> anu
> ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
> Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon obat
> sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket
> kampus
> FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
> mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di
> kafe
> TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami
> teu
> lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron
> Bajaj
> Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
> Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring wae,
> di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali
> pamandangan
> kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
> 25854.
> 
> Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya eta
> Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL
> tiasa
> lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
> beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk, atanapi
> Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
> mung Rp 2000,
> Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
> Direktorat PPSI.
> Sumangga diantos di kampus Depok.
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke