Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Wilujeng sonten.
Danget ieu, hawa dijogja mah meni karaos panas. Mani hareudang bayeungyang, ngan ukur hawana AC anu ngajadikeun ieu ruangan tiis.
Maca kana emailna kang Harun, sim kuring ge jadi ngawawaas kana pangalaman sim kuring kapungkur. Sim kuring ge sok pirajeunan ngurek, nguseup di susukan, ngalaan jangkrik, ngadu langlayangan, jeung kaulinan budak anu sejenna. Malah mah ari ngurek mah ayeuna ge sok kadang ari balik ka lembur sok pirajeunan, ngaledugkeun sawah batur. Tapi nyakitu tea geuning, ayeuna mah sawahna ge geus ruksak panginten. Sawah ranca anu baheula geus deet ayeuna mah. Baaheula mah ari ngejebur kadinya teh leutakna meni sapingping. Ayeuna mah........... Atuh belutna oge geus laleungitan, aya ge hiji-hijieun. Tapi angger we ari resepmah.
Kuringmah sanes ti Bandung, ti Tasik. ari sakolana nya ka Jogja, nepi ka ayeuna ge di jogja keneh. Can kungsi ngasaan sakola ka Bandung, bari hayang oge sakola ka Bandung, da nepi ka ayeuna ge can kacumponan ieuh. Lembur kuring, nya teu saperti Bandung robahna, sanajan ari dibandingkeun jeung baheula kuring budaak (asa inget asa henteu ieu ge) loba pisan robahna teh. Ayeuna mah geus tara deui katingali manuk hahayaman anu pating keleber di sawah, anu baheula sok diuseupan ku Bapa. Ayeuna tara deui kadenge sora cangkurileung anu laluncatan dina dahan arba jeung nangka pipireun imah kuring. Ngan kadang masing keneh kadenge ari tikukurmah hiji-hijieun, di tambah ku manuk hileud jeung piit. Caladi geus sirna, heulang hideung geus musna, puyuh geus taya dikieuna. Ngan ukur tinggal ngaran dongengkeuneun pun biang ka incu-incuna. Ari ras inget kana hal eta mah, ngan ukur kasono anu anu nyusup kana kalbu.
Kuring sok ngimpleng ari pirajeunan balik ka lembur, kana kaayaan lembur zaman baheula. Basa kuring ka Bandung naek kareta, ti palebah Ciawi nepi Ka Cicalengka, kaayaan teh meni matak pikawaaseun. Kuring ngabayangkeun yen hal ieu teh kaayaan tatar Priangan anu sanyatana. Sawah anu ngampar hejo ngemploh, payus jeung kaayaan gunungna anu  hejo. Dibaturan recetna manuk jeung segerna hawa. Matak pikabetaheun. Tapi eta teh ngan ukur implengan, da anu saanyatana mah gunungna ge geus beak. Tatangkalan geus binasa, kagerus ku pangabutuh jalma anu beuki rea. Disawatara tempat, gunung teh geus beak, nepi ka taneuh-taneuhna, dikedukan, di alaan batu jeung eusi peujit gunung anu sejena. Padahal, ceuk babaturan kuring mah, gunung jeung dataran tinggi di tatar sunda mangrupakeun pusat tina keanekaragaman hayati di tatar sunda.
Ah, eta mah ngan ukur implengan urang. Implengan sim kuring anu sok ngawawaas deui kaayaan tatar sunda zaman baheula. Da ayeuna mah zaman kiwari, sagalana ngan ukur tinggal ngimpi, ngimpi tatar sunda hejo ngeemploh deui. Ngimpi belut baralik deui. Ngimpi cangkurileung disarada deui. Ngimpi hahayaman, kuntul, heulang, caladi haliber deui. Ngimpi anu tinggal ngimpi meureun, lamun urang anu mikaboga, mikadeudeuh, mikanyaah ka tatar sunda teu usik, teu mirosea ka alamna sorangan. Alam sunda anu (baheula mah) ararendah.
 
Kuring,
Nugraha Firdaus


Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Reply via email to