Wilujeng sonten...
 
Salam baktos ti abdi Kang Yudi.. Leres, sigana mah nuju icalan janten si emang teh, rada kagok lamun ngaladangan ku basa sunda mah. Cik engke ditaros lah lamun kaleresan nuju tepang di pasar, kersaeun keneh teu lamun ditaros ku basa sunda :-)
Tapi Kang, upami ningal urang wetan mah, sok sanajan nuju duaan atanapi ngariung seueuran teh sok tara kagok lamun naros langsung ku basa maranehna "pié kabaré Cak?" cenah, tapi lamun batur urang nu geus mangtaun2 aya di batawi sok rajeun naros "halow 'ded, apa kabar 'lu?", kitu geningan :-)
 
cag/DS 


yudirmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaykum wrwb
 
Ah kang Dedi mah, ngambek ah, abi urang Kuningan asli yeuh kasigeung euy, awas ke dibales geura :)
 
sigana mah kang, waktosna we henteu pas, ngajak ngobrol nganggo basa Sunda pas nuju icalan, nya "dicuekin" atuh: "sok kenal sok dekat" cenah ceuk si akang tukang sate teh hehehehehe (heureuy ketang, ulah bendu nya kang!)
 
Pami pangalaman abdi mah, salami di jakarta kirang langkung 10 taun teh meni reueus janten urang Sunda teh, resep mun ngobrol sareng rerencangan boh ti Garut, Bandung, Cianjur, Sumedang (duka nya asa teu gaduh rerencangan ti Ciamis mah).
 
Namung, di sakola abdi (STAN) seseeurna ti Jawa (dugi ka tiasa nyarios Jawa loma/ngoko), tah kadang kawis sok karagok pami nyarios di tengah jalmi seeur nganggo basa nu teu sadaya ngartos. Janten pami abdi mah mung perkawis etik pas nuju di nu seeuran we, ai reueus mah tetep janten wargi Parahyangan teh.
 
Kitu ah "pembelaan dari urang Kuningan pituin"
 
mangga... 
 
Wassalamualaykum wrwb
 
=================
From: Dedi Supriadi [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent: Friday, December 10, 2004 12:54 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Urang Kuningan

Assalamu'alaikum baraya....
 Aya urang Kuningan teu nya di bakus ieu? Seueur sigana mah, mung hapunten bilih aya nu
kasiggeung ku carita ieu, ieu mah sanes bade ngagogoreng dulur sorangan sanes bade
ngawiwirang, mung si kuring mah gaduh carita nu pikaheraneun, nu matak jadi getek lamun inget si kuring teh urang sunda...
Tadi peuting pas meuli sate di hareupeun imah, kuring ngobrol jeung nu dagangna make
bahasa batawian ngan teu make gua-elu :-) Ningali tinu logatna mah jigana si emang teh urang sunda. Nya ditanya ku kuring teh, "kawit ti mana mang?", jawabna teh "ah sayah mah dari
kuningan". Terus ditanya deui "tos lami di jakarta na teh?", dijawab ku manehna "baru ajah
4 bulan, tadinya saya jualan ketoprak", naha si emang teh ditanya bahasa sunda kalahka
ngajawab batawian wae euy? Panasaran ditanya deui ku kuring "kamari basa lebaran mudik ka kuningan teu?", sakali deui si emang teh ngajawab make batawian "kagak sempet, mendingan dagang ajah di sinih, lagian perlu banyak ongkos kalo pulang ke kuningan mah.." Emh, sedih euy si kuring, ditanya ku basa sunda dijawab na teh ku batawian wae euy :-( Tungtungna mah, dibayar we ku si kuring sate teh, bari ngaharewos, "teu reueus jadi urang sunda meureun si emang teh, lebar mang bisa basa sunda tapi teu dipake..."
Tah baraya, kedah kumaha lamun kitu? Rumasa si kuring salah teu ngabejaan si emang kudu
reueus ku basa sorangan da geus ngarasa keuhuel sorangan. Jigana mah ngarti si emang teh
ku basa sunda, ngan jiga nu era make na teh? Eta pedah loba nu keur meuli kitu? Cik kedah
kumaha ngabejaan na sangkan nu dibejaan ulah kasigeung...
Punten ka urang kuningan...


Salam
Yudi Irmawan
Bradford University School of Management (BUSoM)
<visit: http://irmawan.multiply.com>


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Win a castle for NYE with your mates and Yahoo! Messenger

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke