siap lah apih... simkuring mah sapamadegan ...
tapi apih kumaha mun rada awis saalit
enya model di KFC sareng riung kuring di radiodalam

kumaha yeuh.. sapertos kieu
meser jaket kulit ti abdi mah 600 rebu mun ti pasar raya mah 1,2 juta
naha geuning resep kenah ka pasar raya nya'
duka merk duka alusna
padahal sarua bahan jeng kaputanan mahh
heheh

cing kumaha tah...
janten hoyong export lah jaket kulit ka bumina apih siddik di korea

baktos
tukang jeket kulit 3rut


On Mon, 20 Dec 2004 13:08:03 +0000 (GMT), Siddik Wiradireja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Ampir sasasih halal bi halal di Cimalati parantos kalangkung, reugreug
> kalayan bagja ninggali/ngabandungan baraya-baraya US anu teras ningkatkeun
> sumanget sabilulungan........ 
> ngagederkeun gotong-royong, sapapait samamanis.....ceuk saha US
> pa-aing-aing, ceuk saha US teu paduli ka sasamana....... 
> Bohongngng....wadulllll... US teu paduli kabarayana.....!!! 
> (lamun tea mah aya anu kitu....., sanes pedah USna, namung pribadina anu teu
> padulian), 
> Paneda kanu Maha Kawasa mugi ieu bibit pepelakan teh sing mulus rahayu
> janten tatangkalan anu ngarandakah leubeut ku buah, pangauban sareng alaeun
> putra putu katurunan Pajajaran jaga. 
>   
> Sim abdi ngiring ngarojong kalayan neneda kanu Maha Kawasa mugi ieu "Tekad
> sareng Usaha" dipaparin widi ku MantenNa. 
> Insya Allah sim abdi ngiring ngorojong kudu'a, sareng mugi-mugi tiasa
> ngiring ngarojong ku materilna. 
>   
> Salajengna mugi eta sumanget sareng tekad teras ngagedur dina hate urang
> sadaya, malih ditingkatkan kana "Panatik Kasundaan", 
> khususna para wargi anu aya di TS/lembur. 
> Urang ngawitan kuperkawis anu alit ; Saha anu tara jajan baso..??, saha anu
> tara jajan sate...??, saha anu tara tuang di restoran..?? (sok sanajan
> henteu unggal dinten..??). 
> Mangga urang cobian : Jajan baso ulah ka si Mas Anu namung ka mang Anu..., 
> jajan sate ulah sate Madura namung sate mang Anu......., 
> kitu deui tuang di restoran, cobi kirangan tuang di restoran Padang, di KFC
> ssjb, ngawitan tuang direstoran "Lembur kuring", "Saung Kuring" ssjb.(parios
> heula anu gaduhna US sanes ?). 
> Kanggo bahan emutaneun, tiap bade boboran ; kapal ngapung, kapal laut, KA,
> beus anu kaluar ti Jakarta sareng Tatar Sunda tangtos parinuh sabaraha
> dinten sateu acan boboran. 
> Ieu netelakeun kumaha seueurna "junti" anu marulang ka lemburna, tiasa muluh
> rewu, tiasa ngaratus rewu teu pamohalan ngajuta jumlahna. 
> Heuheureuyan, urang candak bae jumlah 2 juta jalmi anu marulang ka luar
> Jakarta + tatar Sunda teh, tah upami unggal jalmi nyandak beukeul ka
> lemburna saurang Rp. 5 juta, janten sabaraha milyareun artos anu dicandak
> kaluar ti Jakarta + TS. 
> Tangtos dina sabagean eta artos teh artosna US.........!!!. 
> Cobi upami aya 10 ~ 20 juta US anu teu balanja/jajan kapadagang "junti" apan
> lami-lami mah 
> eta para junti teh ngirangan langgananana/anu meseranana, anu lami-lami mah
> teu aya kauntungan dagang di tatar Sunda, anu antukna kamana deui ari sanes
> kaluar ti TS mah. 
>   
> Tos ahhhh... sakitu bae heu ngacapruk dinten ieu mah. 
>   
> Pihatur 
> SSW 
>   
>    
>   
> 
> 
>   
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>  
>  Yahoo! Groups Sponsor 
>  
>  ADVERTISEMENT
>  
>  
>  ________________________________
>  Yahoo! Groups Links
>  
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to