Kang Hasan, oge sakantenan mairan posting Kang Jun,
dina jejer "keanekaragamanhayati + HAKI".  

Leres Kang, aya wanda buah simalakama dina gawe bareng panalungtikan 
sareng deungeun teh. Lebah dieu rupina kedah atos-atos sareng 
meryogikeun kawijakan pamarentah dina raraga nyalindungan sumber 
daya hayati urang. Sami eta teh kang dina widang panalungtikan s2 
atanapi s3. Seuseueurna  panalungtikan kanggo thesis master atanapi 
desertasi doktor anu nuju sakola di LN teh apan biasana lokasina di 
urang. Hartina nya sabagean data mah sacara haratis lebet ka nagara 
sponsor/ anu maparinan beasiswa studi. Kuang kumaha atuh Kang, 
imbalanana mah rupina nya sdm urang anu "terdidik" bae.

Ngeunaan wates geografis wewengkon hiji panalungtikan-atawa upami 
ditarik garis ageungna kana patarosan:"Naha nagara-nagara maju tiasa 
sagawayah bae kenging hak paten tina widang elmu anu subtansina 
atanapi sumber panalungtikanana aya di nagara-nagara "berkembeng", 
kayaning "biodiversity resources", jsb? Ieu rupina anu nuju 
diusahakeun dina konferensi-konferensi atawa kasluyuan ngeunaan 
lingkungan hirup ku nagara-nagara berkembang. Pamugi bae atuh hasil, 
jalaran upama kitu bae mah diingkeun, "pasanggiri" kamajuan dina 
widang elmu jeung teknologi, tetep moal kaudag nagara maju teh. 
Sajeroning kitu, pamarentah terus ngusahakeun sangkan ulah terus-
terusan kacolongan "resources"-na ku bangsa deungeun. Masyarakat 
sakuduna dipaparinan pangaweruh ngeunaan hal eta sangkan nyaliara 
kasadaran kana mulasara jeung nyalindungan ieu kabuyutan.

Baktos,
manAR

 
--- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> jiga buah simalakama nya. ti sapihak panalungtik urang
>  leuwih "diaku" ku urang deungeun, nepi ka
> disponsoran. ti pihak lain hak patent sumberdayahayati
> urang jadi milik maranehna. 
> 
> aya hal anu kuring teu ngarti. jigana kedah praktisi
> hukum nu ngaguarna. naha ari matenkeun hiji hasil
> panalungtikan teu aya batas geografis kitu? maksudna
> nutfah alami urang bisa dipatenkeun ku warga asing.
> cing manawi aya bongbolongan, teh INA asana mah anu
> praktisi hukum teh. 
> 
> jiga nu diserat ku kang oman. leuweung kalimantan
> mangrupakeun sumber "keanekaragamanhayati" anu teu
> acan kaelaborasi optimal. salah sahijina aya tutuwuhan
> anu bisa dijadikeun jamu pikeun KB. tapi beda jeung KB
> lianna. sabab nu di-KB teh sanes istri tapi lalakina.
> jadi upama pameget ngaleueut eta jamu, cenah tiasa
> mengurangi daya hidup sperma tanpa ngurangan
> harmonisasi suami istri. 
> 
> salam,
> mh
> 

> 
> =====
> bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
> hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke