Ngimpi hayang boga Galeri Etnik teh moal waka kalaksanakeun, da tangtu keur
ngawujudkeun eta impian teh perlu ku waragad anu kacida gedena,...ah ngimpi
eta mah rek diteundeun di handeuleum sieum teangeun engke jaga.
Anu rek dipaju....jeung ayeuna ge eukeur...mah ngumpulkeun buku-buku basa
Sunda jeung buku kasundaan sejena.
Kahayang teh....sakabeh karya tulis bangsa Sunda boh nu basa Sunda boh basa
sejena asal ngeunaan Sunda, di kuring kudu aya.
Salila ieu ngumpulkeun buku-buku Sunda, nu karasa teh neanganana hese, sok
sanajan kuring neangana teh can optimal, kakara ngubek di Bandung bari ngan
ukur di Palasari jeung Suci.
Lolobana buku-buku Sunda nu aya di kuring teh buku Sastra, buku lalaguan/
musik (eta ge ngan ukur beunang Pa Machyar jeung Mang Koko) jeung buku
Agama,  widang sejen mah kurang keneh malah bisa disebutkeun euweuh....eh
aya ketah buku nu judulna "Elmuning Politik keur Warga NU".
Duka teuing lamun di kota sejen aya teu nya buku buku Sunda...?
Tangtu aya..komo di Jakarta mah da deukeut ka Perpustakaan Nasional.

Maksud Galeri Etnik teh tempat sagala rupa hasil karya budaya Sunda anu
gedongna sigrong, jadi lamun aya jalma anu hayang nyaho Sunda jeung
Kasundaanana teu kudu incah kamana-mana cukup nyirekem di Galeri Etnik,
sagala refensi aya.
Sabenerna mah (kuduna) geus aya nyaeta Museum Sribaduga, hanjakalna
koleksina can lengkep can ngawakilan sagala aspek kahirupan bangsa Sunda.

MSasmita














------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke