Kekeke.... ieu teh kanggo acara jatukrami....???, bade iraha jatuk ramina...??,
upami leres, ngahaturkeun : Wilujeng Jatukrami wae atuh, mugi dipaparin kalancaran, lungsur langsar dina waktosna, atuh saba'dana jatukrami salawasna aya dina kasinugrahan sareng kocoran rakhmat sareng kurnia ti Allah SWT., Aminnnn...
Atuh bilih peryogi mamaos cianjuran tiasa nelepon pun paman di Cianjur wasta Bp. Hasan Wiradireja (kantos mentas waktos acara hahal bi halal di Cimalati) no teleponna :
(0263) 26-9259, mung bae pun paman mah tara masihan tarif.
 
Pihatur
ssw

"Zamhur \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nuhun pisan kang kana wartana...
keun urang lalanyahan lah ku akang..
lain saleureusna mah di garut aya nu sae nya eta kang barman cahyana tea..mung eta da' awis.. rada teu kahontal ku panghasilan..
he he he..sugan ti sumedang langkung mirah nya'
ke' lah geus taun enggal arek ka sumedang...

doakeun nya..
sing lancar... yeuh

baktos

On Mon, 27 Dec 2004 02:24:38 -0000, gilang_tresna
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Agus,
di Sumedang aya group kacapi suling sae (saur abdi) sareng mirah.
Pupuhuna teh jenenganna Kang Tatang. Kapungkur mah (4 th kapengker),
pangaosna 1.200.000-an (tos sareng buka pintu & dipangnyawerkeun).
Duka tah pami meuntas kabupaten mah. Mung abdi hilap deui no. telp.
bumina. Pami bade ngersakeun mah cobian we telp. ka Radio Citra
Sumedang (0261) 201998, ka Teh Ai (istrina Kang Tatang). Kapungkur mah unggal Saptu sonten sok midang dina acara Citra Parahyangan di Radio Citra. Duka ayeuna mah sok dinten naon tah midangna teh.
 
Di Sumedang aya deui group degung sakantenan sareng jaipong. Nami
groupna Puspasari kagungan Ibu Enong (kapungkur mah anjeunna sok
janten juru kawihna). Alamatna di jl. Mayor Abdurachman (peuntaseun
STM Negeri asana mah)caket radio Citra. Kapungkur mah nu sok
jaiponganna teh Teh Sona-Soni (putra kembar Ibu Enong). Mung duka nu
ieu mah sabaraha-sabarahana kirang terang.
 
Wassalam,
gilang


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke