Kan Tirta,

Kango Cianjur sareng Jabar selatan, dina leresan musibah longsor, 
parantos aya peta-na (peta gerakan tanah), mangga di kantor abdi 
sayogi peta anu dimaksud. Kantun ngemutan kumaha cara ngadugikeunana 
sareng penyuluhan anu diperyogikeun ka masing-masing Pemda anu 
wewengkonna pakait sareng ieu potensi bencana.

Kanggo bencana gempa bumi di laut anu potensial nimbulkeun tsunami, 
abdi tiasa nganteur Kusnet ka Kang Jajang. Anjeunna teh doktor 
widang geologi anu janten Kepala Puslitbang Geologi. Salah sawios 
stafna, nya Kang Engkon Kertapati tea anu kamari dina "PR" 
ngadadarkeun perkawis gempa sareng tsunami. Mangga upami Kusnet bade 
sasayogian informasi gempa kanggo S3 tea, sim kuring sayogi nganteur 
nepangan arenjeuna.

Baktos,
manAR 
--- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Ka wargi sadaya  ulah hilap shalat ghaib kangge muslimin wal 
muslimat nu dipundut ku Allah SWT.
>  
> Perkawis S3 rupina dugi ka danget ieu  nembe Cianjur nu action/tos 
Siaga 3. Mugi lengkah pemda/masyarakat Cianjur tepa ka kabupaten 
sanesna. Aya henteu nya "action" ti Pemda Jabar & Banten & Jateng 
ngoordinasikeunana? Atanapi kumaha carana urang ngingetkeun Pemda 
Jabar, Banten & Jateng?
>  
> salam
> tirta
> 
> oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ..........
> Kanggo siaga (S3) di Tatar Sunda: memang di laut pakidulan TS aya 
sababarah titik rawan bencana alam lini (gempabumi). Upami ieu lini 
ngalangkungan angka 8 skala ritcher, tiasa janten nimbulkeun tsunami 
ageung sakumaha kajantenan di Aceh. Anu pangaweruh teu acan dugi teh 
dina nangtukeun iraha persisna lini baris kajadian. Kukituna, siaga 
teh diantarana, Pemda Jabar sareng kabupaten-kabupaten anu 
ngagaduhan basisir di pakidulan TS saenggalna kedah carincing pageuh 
kancing, saringset pageuh iket. Sistem tangara munggaran (early 
warning atawa peringatan dini) kedah ngawitan dijalankeun. Atuh 
kapayun, saena tata ruang di basisir teh diatur deui, ulah seueur 
teuing pamukiman anu napel ka biwir laut. Pon kitu deui, tutuwuhan 
sarupaning bako jeung nu sejenna anu tiasa ngerem tsunami, sakedahna 
dibudidayakeun sareng dipiara di sapanjang basisir
> ..........
> Rupina sakitu bae heula (nuju hareugeueun ku kajadian musibah 
tsunami di Aceh)
> Baktos,
> manAR  
>  
> Ngeunaan pangrojong atanapi sumbangan, mangga ngiringan, bade 
sewang-sewangan 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends 
today! Download Messenger Now





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke