Upami anjeuna kersaeun mah kanten sae pisan, janten sesepuh Kusnet, mangga we atuh dikolongan.
Kang Rachmat...hatur nuhun kana niatna bade ngintun buku ka sim kuring, kantenan kanggo pabukon mah insya alloh bakal langkung ageung mangfaatna.
Diantos bukuna.
Alamat sim kuring
MSasmita
Perumahan Margawangi
JL Margawangi VII No.5
Margacinta Bandung 40287
 
Hatur nuhun
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 30, 2004 11:16 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Mang Ayat tea

Sim kuring parantos ngobrol sareng Mang ayat, perkawis
KUSNET. Malihan mah anjeuna nyanggeman upami didaulat
janten sesepuh Kusnet. Aya saena upami wadya Kusnet,
sacara resmi ngadeuheus ka anjeunna, manawi wae aya
koleksi buku kasundaan tiasa disumbangkeun kanggo
disimpen di Pabukon Ua Sasmita.
Kuring oge nembe teh kurah-koreh di kantor, ari
gorehel teh masih aya koleksi copy-an disertasi
"Sejarah Sukapura, sebuah telaah filologis" anu
diserat ku Emuch Hermansoemantri sareng "Kecap
Anteuran Bahasa Sunda, suatu kajian Semantik dan
Struktur" anu diserat ku T. Fatimah Djajasudarma -
Idat Abdulwahid bade disumbangkeun kanggo Pabukon Ua
Sasmita. Panginten langkung manfaat tibatan disimpen
di sim kuring.
Sakitu nu kapihatur, upami mama manar ka Jakarta,
kuring kersa ngarencangan ngadeuheus ka Mang Ayat.


baktosna,


mrachmatrawyani


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke