Waktos di Cimalati sim kuring ngobrol sareng Kang Ikmal, saurna nu apal kana sajarah sareng sagala rupi kasundaan di Sukabumi mah nyaeta Pa Anis Djatisunda.
Saur Pa Edi S Ekajati dina pengantar buku Sang Hyang Raja Uyeg, pantun Bogor kungsi dipantunkeun ku Ki Buyut Rambeng sareng Ki Cilong nu dicatet ku ramana kulawarga R.Moechtar Kala.
Ti Bapa R.Moechtar Kala nya diwariskeun boh sacara lisan boh tinulis ka tiluan nyaeta ka Bapa Saleh Danasasmita, Tisna Soepandi sareng Anis Djatisunda, carita Pantun Bogor ngawengku sababaraha bagian diantarana :
1. Kalang Sunda Makalangan
2. Ronggeng Tujuh Kalasirna
3. Pajajaran Seuren papan
4. Kujang di Hanjuang Siang
5. Pakujajar Majajaran
6. Pakujajar di Lawang Gintung
7. Disaeurna Talaga Ranca Maya
8. Dadap Malang Sisi Cimandiri.
9. Tunggul Kawung Bijil Sirung
10. Lawang Saketeng ka Lebak Cawene
11. Perang Sunda Panglokatan
12. Pakujajar Beukah Kembang.
Mudah-mudahan we transkripsina aya di pa Anis Djatisunda, mun tea mah fotokopina bisa kapimilik ku sim kuring bakal kacida bungahna.
 
Kang Ikmal cing upami ameng ka Sukabumi heg pendak sareng Pa Anis Djatisunda, punten pangnaroskeun...!!
 
Hatur nuhun.
 
MSasmita
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke