Assalaamu'alaikum Wr.Wb.
Kumaha daramang sadayana wargi-wargi KUSNET? Rupina danget ieu perhatosan nuju fokus ka Aceh. Alhamdulillah di sabudeureun kampus UPI, Pesantren Daarut Tauhid, unggal posko sadaya sibuk ngoordinir sarupaning sumbangan. Emut ka rerencangan di Medan, sim kuring ge nembe kenging waleran sms kamari. Teu nanaon cenah, mung waktos gempa 8 menit karaos eundeur di Medan ge.Rerencangan nu di Aceh, di Syah Kuala, dugi ka danget ieu teu acan kenging berita. Aya Ibu dosen nu mantuna pareng aya di Aceh waktos kajantenan tsunami, dugi ka danget ieu tacan nguping sorana deui, putrina nangis terus cenah ......... Sum kuring kungsi ka Aceh jeung sobat, salah saurang aktivis Korps Sukarela PMI Bandung basa Agustus 2000 mekel sarupaning titipan obat- obatan keur ka Posko PMI Banda Aceh. Bandung-Jakarta naek Parahyangan. Nyambung Tanjung Priok - Belawan naek kapal Siguntang. Medan-Aceh naik beus malam. Ieu ngadua kalian ka Aceh, munggaran mah thn 1997. Sabot dina beus malam teh aya dua kalina dipegat jeung dipariksa ku nu seragam hejo belang bari nyepeng bedil, kabeh penumpang dipariksa tengah peuting. Wanci isuk nepi ka Lampahan, ka bumi Ibu Mertuana ki sobat, maksad mah bade teras ka Banda Aceh.Tapi nembe dugi ka Lampahan tos diwagel: "Tidak!!!, Mamak nggak kasih kalian berangkat ke Banda, ini hari pergi, sore atau besok belum tentu pulang kembali. Biar obat-obatannya taruh di sini saja nanti Mamak yang suruh orang untuk menyampaikan ke Banda". Kuring duaan teu wasa nolak tibatan pibahayaeun bari jeung duaan awewe. Padahal ki sobat teh ti Bandung keneh geus ngontak rerencangan PMI di Banda keur janjian panggih. "Mamakpun tidak bilang ke tetangga kalian datang dari Bandung, nanti bisa panjang urusan, Mamak bilang kalian tamu dari Malaysia", saurna. Sajeroning sapoe sapeuting ngendong di Lampahan, kuring can sadar bahayana di Aceh. Isukna wangsul ka Medan nganggo travel, henteu naek beus malam deui. Sajajalan Lampahan-Medan nu katingal teh wangunan- wangunan nu tutung tapak kahuruan (aya nu ngahaja ngaduruk??) jeung posko-posko pengungsi. "Kalau ada posko pengungsi baru, tadi malam pasti ada yang habis di ..... grek..!!!(bari ngisyaratkeun pembunuhan)", ceuk supir nu urang Aceh asli. "Iihhhh ngeri kali ya Bang!!" ceuk kuring ku logat urang dinya. Ngobrol jeung supir ka ditu ka dieu, intina mah terlalu banyak peristiwa nyata di Aceh yang mengerikan itu tidak terekspos ke Jakarta, jadi orang lain itu tidak tahu betul apa yang sebenarnya terjadi di Aceh, saurna. Kuring duaan ngan ukur ngahuleng ..... geuningan kitu. Deudeuh teuing warga sipil di Aceh nu geus nandangan tunggara mang taun-taun. Ada apa dengan Aceh selama ini? Nepi ka Medan babaturan di kantor heran:"Ely!!! kok berani-beraninya ke Aceh, ini kan tgl bahaya (15 Agustus)!!! Syukur lah kuring jeung ki sobat salamet di jalan nepi ka Medan. Ayeuna ki sobat (Teh Resi, kungsi ku kuring diajak ka bumi Ua Sasmita) teh keur zarah ibadah haji, da tahun kamari masuk waiting list jadi taun ieu geus indit jeung kloter munggaran. Mun keur aya di Bandung pasti geus gegejeg ngajak kuring ka Aceh deui sigana. Ayeuna Aceh keuna Pangersa-Na nandangan musibah tsunami. Mugia ieu ge jadi panggeuing keur Aceh nyalira, oge keur urang sadayana."Tidak ada satu musibahpun terjadi kecuali atas izin-Nya. Dan kepada orang-orang yang beriman Allah berikan petunjuk pada hatinya. (emut eusina, tapi hilap surat jeung ayatna mah. Duh Gusti!!! Mugi sadayana dipaparin kakiatan tur katabahan nampi ieu musibah. Ari namina jalmi iiiihhhhh da geuning sakitu batur keur keuna musibah ge aya bae nu sorana sumbang. "Loba dosa cenah di Aceh teh jadi weh keuna mamala!" Wallaahu 'Alam urang sanggakeun ka Anjeuna. Tos dugi kamana urang ikhtiar muter otak keur neuleuman ieu peristiwa. Naha urang ge tos tobat? Geulis, kasep, musibah mah tiasa keuna ka saha bae. Naha deuih nya dina usum musibah kieu bet aya nu ngersakeun nimbang-nimbang dosa batur, mending urang mantuan satiasana boh nu sangat profesional, cukup profesional, kurang profesional oge, alitna ageungna mung Anjeuna Nu Maha Uninga amal jeung dosa yang kita perbuat (siga lagu Ebiet tea nya) Cag ah, nuju sono ka KUSNET Ely ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/