Oh....janten kalemahan teh bade ditarekahan ku urang sadayana, muhun maksadana kumaha solusi , atanapi kumaha ngatasina, sangkan eta kalemahan ulah di keukeuweuk waenya ...
Sok atuh kumahanya..? saur pamendak teteh aya sabaraha hiji kalemahan anu tiasa di robih, sapertos sifat ngedul, kedah dipiceun malihan mah kedah kerja keras dugia ka ngahontal kalunguhan . Tah upami tos kitu kedah kersa ngayakeun pengkaderan, ulah ngarasa sieun kalindih. Teras sifat anu ngarasa geus cukup ku kaayaan ayeuna, tah eta kedah dipiceun , malihan kedah saterasna meningkatkan diri....
Kang Tirta, tah nembe sakitu heula, sakitu ge lumayan nya......he he....
teh tien
( nyaan nya urang sunda teh bisa ka lindes ku suku sejen, lamun teu geura hudang..euy..!!....)
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres teh Tien ieu mah tacan lengkep. Lengkepna mah aya kakuatan (kahadean), ancaman & kasempetan (opportunity). Ke ku abdi "kejar tayang" keun deui. Tapi kumaha mun fokus ka kalemahan heula, pan urang kedah sigep ngatasi keu lengkah ka hareup. Upami kahadean mah sigana teu pati abot, lumpatna teh kinten-kintena ka kumaha tarekahanana supaya teu kagerus. Sok teh geura eusi heula ieu kalemahan, utamina ngeunaan rek dikumahakeun & kumaha carana.salamtirta
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Euleuh geuning mani seueurnya kang..!, mung hanjakal ceu acan di sundakeun sadayana. Upami di sundakeun ku basa pondok sareng singget eta kumahanya kang...? Sok ku kang Tirta nya ...!, tapi atuh ulah kalemahan wae anu di tonjolkeun.....cing kumaha kahadean urang sunda teh.......?Ceuk teteh mah....1. Someah2. Geulis tur barodas upami istri, kasep upami pamegeut3. Jujur4. Tara sirik pidik5. Berehan6. Karunyaan7. Gaduh jiwa Seni8. Ludeung9. Wani10. Reusep guyon11. Tara sok ngawadul12. Tara sok eraan......13. tara.......14. tara.....duka tah.....tara naon deui...? sok ah...baraya ..! naon kahadean urang sunda teh...? piraku eleh ku suku lain.....he heteh tien( reueus jadi urang sunda )
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Didugikeun ka sadaya warga Kusnet "58 Kalemahan Urang Sunda". Ieu teh sumber utamina ti SWOT kiriman Kang Oman. Kumargi analisis SWOT lengkep mah ngabeten bae, teu aya asupan, sugan atuh ku "format" ieu mah ngageuingkeun warga sadaya. Bari ngalenyepan akhir & awal taun mangga atuh ditalungtik pamadeganana kana kalemahan-kalemahan dina kobong tabel.Khususna Ka Kang Oman, Ua Sasmita punten abdi ngawawanter maneh ngirim sabagean SWOT bari teu di basa sundakeun. Ka US Jabotabek asana mah "wajib" nalungktik & ngeusi ieu tabel. Insya Allah awal taun urang badungdengkeun sasarengan. Numutkeun sim kuring tina ieu tabel boh US Jabotabek, boh Kusnet geus bisa dadasar nyieun hanca gawe (real program).Sakali deui nyanggakeun ieu bahan lenyepan. Tong talangke buka, print, ke bari taun anyaran boh nyorangan atawa babarengan prak geura eusi kumaha pamadeganana.Ka sadayana sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepung & tepang taun.salam baktostirta
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> ATTACHMENT part 2 application/msword name=58 Kelemahan US.doc
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! � Get yours free!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

