Wilujeng Wengi kang Tirta.......damang...?
Kumaha wartosna Jkt......aman2 wae......Nuhun atuh aman mah....he he,
Postingan wayah kieu mah lul-lep.......enjing mah geura murudul......... 

Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikum salam, mangga kang urang sasarengan icik ibung di bakus ieu nanjeurkeun deui sunda jeung kasundaan. Sim kuring kawit ti Tasik, dumuk di Maruya Jakarta.....mung abdi mah "no problemo" kana leunca teh Kang.
 
salam
tirta

nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum,
 
Hampura ka Ki Sunda sadayana basa tadi kuring togmol teuing teu ngenalkeun ka dulur sakabeh heula.
Dihandap ieu biodata kuring :
       
         Ngaran    :       Pamere ti kolot mah ngaran teh Sutisna ngan kamari bulan agustus
                                kuring teh diajar rumah tangga berhubung pamajikan teh urang
                               Kebumen Jawa tengah ngaran teh cenah kudu diganti da adat di     
                               Kebumen mah lamun lalaki geus rumah tangga teh kudu boga ngaran
                               kolot nya di ganti ngaran teh jadi Salman Ali Shalahuddin eta ngaran
                               lain pamere urang Kebumen eta estuning kahayang sorangan ngan
                               nyokot momentum ganti ngaranna sawaktu kawin, ganti ngaran teh
                               sabenerna mah hayang ti baheula da pedah ngaran Tisna teh geuning
                               aya pakuat pakaitna eujeung agama Budha padahal sabenernamah
                               kuring teh insya Allah Muslim.tapi hampura ka Ki Sunda anu boga
                               ngaran Tisna atawa Sutisna tong ngarasa kasinggung ieu mah ngan
                               wungkul pamanggih pribadi tong ngarasa diserang nya
 
            TTL        :      Subang, 5 Agustus 1980/ 23 Romadon 2400
 
            Alamat   :     Kp. Sukamantri RT020/RW010 Ds. Kadawung Kec Pabuaran
                               Kab. Subang - Jawa Barat
 
            Pagawean :  Drafter PT. Mustika Memadata
 
            Alamat Tempat Gawe : PT. Mustika Memadata Jl. Kampung Melayu Besar No.19A
                                               Jakarta
 
Sok sanajan tempat gawe di Jakarta tapi kuring ayeuna aya di Semarang da keur di tugaskeun gawe didieu nya dalah dikumaha narimakeun weh.
Eh.. ketang aya keneh teu nya anu kudu di kanyahokeun ku Ki Sunda ngeunaan biodata kuring anu sejenna.
         
            Warna Favorit      :  Hejo
            Dahareun Fav.     :  Sabangsaning lalab - lalaban (iwal ti terong jeung leunca)
            Inuman Fav.         :  Cendol
            Hobby                 :  Maca
            Cita - Cita            :  Hayang jadi ahli sajarah (mudah-mudahan kahontal nya)
            Alamat E-mail      :  [EMAIL PROTECTED]
 
Ah.. sakitu weh heula da rarasaan mah euweuh deui anu kudu di tepikeun, ka sadaya Ki Sunda anu hayang kenalan atawa rek ngirim artikel naon wae sok didagoan pisan ku kuring.
 
 
Sakitu heula ti kuring urang Pantura - Subang
Wassalamu'alaikum
 
 
Salman Ali Shalahuddin
 
           
           
 
 
 
                               


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to