Haturan Kang Asep oge baraya sanesna,

Novel karajaan Pajajaran yasana Kang Yosep Iskandar nu dimaksud 
teh "Silalatu Gunung Salak" tea kitu? upami teu lepat dugi ka 5 
jilid atanapi 6? Ua Sas gaduh bukuna.

Yasana Kang Yosep nu sanesna: novel-novel tunggal ngeunaan raja-raja 
Galuh-Sunda sareng kulawadetna oge sababaraha bagean tina sajarahna. 
Upamana: Sanghiyang Wastukancana, Nyi Ambet Kasih, Perang Bubat, 
jst. Oge aya versi khusus anjeunna saangkatan sareng "Rintisan 
Penulusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB, 4 jilid). Kang 
Yosep ku anjeun kalebet tim anu nyerat RPMSSJB anu dipupuhuan ku 
Kang Saleh Danasasmita alm.

Kanggo nalungtik Situs Kawali (oge Panjalu, da saur Kuncen Cipanjalu 
di wewengkon Cipanjalu oge aya batu tulis anu disebut Batu Hajar 
Hadi, ditulis ku getah windu wulan, sigana teu acan kaserat pisan ku 
ahli sajarah), si kuring ngarojong pisan. Enya pisan, Situs Kawali 
masih teu acan seueur anu nalungtik, sedengkeun kaayaanana rada 
pikamelangeun maklum tos keuna musibah (kaurugan ku tatangkalan di 
Astana Gede anu rungkad ku angin 2 taun katukang).

Kabeneran tempat si kuring gubrag ka alam dunya tug tepi ka mangsa 
SMP teh di Lumbung, 5 km kuloneun Astana Gede-Kawali. Upama tea mah 
Kang Asep tiasa ngeridkeun sababaraha panalungtik, boh asli ti US 
atawa gabungan jeung pihak Perancis, teu kudu bimgung keur nganjrek 
saheulaanan (atawa salila panalungtikan mun betah mah). Aya rorompom 
alit-alit bae mah di Lumbung, atuh fasilitas (cai jeung listrik, oge 
lauk keur sumber protein kari nguseup di balong) heunteu walurat 
teuing. Mangga diantos koordinasina (Kang Tirta oge Kang Rachmat, 
mangga atuh uningakeun ka Mang Ayat oge enggal sanggap ieu pangajak 
ti Kang AJ teh).

Baktos,
manAR


--- In urangsunda@yahoogroups.com, asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun Kang Rachmat,
> 
> Mangga bae lajengkeun da sim kuring puguh nuju aya di
> lembur batur, sanaos aya rencana dina usum panas
> (antawis Juli-September) insya Allah ngalongok lembur.
> Upami tiasa mah, angkir kang Yosep Iskandar ti
> Bandung. Sim kuring kataji ku karya-karyanya, utamina
> trilogi (atanapi tetralogi? hapunten hilap deui) novel
> karajaan Pajajaran. 
> 
> Sim kuring usul aya kadariaan dina nalungtik situs
> Kawali. Asana mah seueur pisan anu tiasa kaguar ti eta
> situs.
> 
> Kumaha Mang Ayat masih keneh nganggo sendal ka
> mana-mana? 
> 
> AJ
> > 
> > 
> >             
> > __________________________________ 
> > Do you Yahoo!? 
> > Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile
> > phone. 
> > http://mobile.yahoo.com/maildemo 
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - What will yours do?
> http://my.yahoo.com





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke