Haturan Kang Hasan di KL Malaya...,
Aduh hampunten Kang, kawitna mah sim kuring teh henteu gaduh maksad khusus ngawaler posting Kang Hasan, mung mairan ka jejer-jejer anu pengkuh kedah nyunda kupatokan syariat diantawisna basa, teu lepat mung teu kedah kaku....., 
 
Perkawis pataros Kang Hasan, manawi teu lepat anu ieu nya?
"GARAPAN DIGITALISASI NASKAH SUNDA" gawe munggaran ngagarap transkripsi "roesdi & misnem" ampir rampung. ayeuna garapan kadua, kuring ngajak urang nyieun transkripsi tarjamah AL-QUR'AN ka basa sunda. cing kumaha respon baraya, urang padungdengkeun deui.
 
Komentar sim kuring:
Saleresna sim kuring ge resep pisan kana sajarah, budaya, Antropologi jrrd. mung widang pa-kuli-an sim kuring teu aya pakuat pakait-na sareng nu kararitu ditambih gatek tea Kang. Disisi anu sanes, dapur mah tetep kedah ngebul..., manawi kapayunlah sim kuring ge tiasa nuturkeun tapak Kang Hasan nambihan digitalisasi naskah sunda, komo upami tiasa reset ngalempengkeun sajarah Sunda mah da masih seueur anu kahieuman ku tangkal sajarah anu daroyong.
 
Perkawis ngadamel transkrip tarjamah Al-qur'an, tah ieu mah kedah ngemut mangfa'at-na kanggo tableg atanapi naon? aya anu sarimbag sareng ieu yaeta karyana Abah Surya tea, eta ge pan basa sunda. Upami kanggo tableg mah pan tos seueur anu basa indonesia da pasti urang sunda mah tos tiasa basa indonesia, upami kanggo icalan oge raraosan kirang marketable. Tapi upami Kang Hasan aya minat tiasa bae da papada urang teh gaduh udagan pribadi, salian ti urang sasarengan gaduh udagan kumunitas/bersama. 
 
Hapunten anu kasuhun, bilih aya kirang jelas sareng rada-rada kirang umum, mangga dijapri bae Kang. (raraosan mah aya pangajak ka sim kuring, mung kirang jelas)
 
Wassalam, 
dudi_ss 
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Tuesday, January 04, 2005 9:31 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] teu aya anu langgeng->jampe harupat --> ngeunaan basa sunda

hehe haturan kang dudi. leres pisan teu aya nu
langgeng. sakabeh basa oge da sabenerna mah teu leupas
ti silih simbeuhan jeung basaa deungeun. matak kuring
sok tanda tannya, upama aya nu hayang malikan jaman ka
tukang teh. nyeta malikanana rek nepi ka jaman nu
mana.

kang dudi karek ngomentaran paragrap kahiji, anu
sabenerna karek kasang tukang maksud kuring. ari nu
jadi udagan mah paragrap nu pang ahirna. cing kumaha
pamendak kang dudi. nyaeta urang ngeureuyeuh
nyadiakeun bahan bacaan elektronis dina basa sunda.
dinatos komentarna.

salam,
mh

--


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to