Baraya sadayana, ieu mah dongeng batur sakantor di
Jakarta tadina mah teu pati di haminan ngan barang
dulur sorangan di bandung ge ngalaman anu sarua  jeung
dongeng ti kantor, kuring rada hareugeueun.
Geus jadi kabiasaan mun urang rek mayar pajak
kendaraan oge perpanjangan STNK mun lain an ngaran
sorangan, sok aya istilah "nembak", jasa nembak ieu
kira2 100 dugi 300 rebu, cik tah pangetangkeun lamun
sadinten rata-rata 1000 kendaraan, kirang langkung
100juta dugi 300 juta sadinten, geuning sanes artos
sakedik.
Teu gugur teu angin, eta kabiasaan teh ceuk dongeng di
luhur tea, aturannna di robah ---> gebrakan 100 hari
tea cenah, sing saha bae anu bade mayar pajak komo
deui perpanjangan STNK, kedah nembongkeun KTP asli anu
saluyu jeung data dina kandaraan, teu aya ongkos
tambahan naon, anu dibayar saluyu jeung dina tanda
panampian,....hade...hebring tah..saleretan mah, ngan
orokaya anu teu bisa nembongkeun KTP asli mah (sabab
waktuna ngadadak), teu bisa mayar pajak alias mobilna
ngajugrug teu bisa dipake.
Naha geuning jadi nyusahkeun nya ..., lamun keur
perpanjangan STNK mah(5 taun sakali) kaharti tah
kabijakan teh, tapi ari rek mayar pajak jadi hese mah
(sataun sakali)  asa teu ngarti komo jeung kudu make
ktp asli mah.
Tapi ari ningali perputaran artos tiap dintenna anu
sakitu ageungna, sigana mah kabijakan ieu teh moal
lana.
Ka baraya anu bade mayar pajak kandaraan, rupina kedah
rada ti anggalna.
Kumaha sugan aya pangalaman di kota sanesna ?

baktosna,
MS

--- akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> Asslamu'alaikum...
> 
> Hampura ka sadaya baraya, leres eta teh sakumaha anu
> parantos diwartosan ku kang Ikmal, minggon kamari US
> Jakarta (Kuring, kang Ikmal, kang Agus & kang Irpan)
> geus 3 jam kokorehan gang di wewengkon Koja-Legoa
> geuning kang mahfud teh tacan kapendak deui bae.
> Keun atuh kang Ikmal, insyaallah poe minggon ieu
> kuring dek nyobian sakali deui ngajugjug imah rakana
> kang Mahfud nu di Warakas. Sugan jeung sugan eta
> artos
> amanah ti baraya KUSNET tiasa didugikeun langsung ka
> anjeuna. Mung sigana kuring moal nyandak mobil, meh
> gancang rek kana busway bae ka kota teras
> ka-priok-keun kana angkot. Tah tidinya kuring
> mending
> kana ojek anu geus puguh uninga wewengkon Warakas.
> Haturnuhun pisan lamun aya baraya sanes anu rek
> maturan meh aya saksi-na. Manawi kang Irpan/kang
> Ikmal/kang Agus/kang Tirta, aya nu tiasa maturan?
> Urang indit enjing-enjing bae sangkan teu kapegat
> kurudetna macet.
> Lamun engke di Warakas teu papendak jeung kang
> Mahfud-na deui bae, kumaha tah baraya? bae kitu
> dititipkeun ka raka-na? aya usulan...? 
> 
> Hatur nuhun,
> baktos akos
> 
> --- Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> janten sadayana 
> > nu bade di sanggakeun ka kulawarga kang mahfud teh
> > Rp.3.400.000,-
> > dugi ka ayeuna artos eta teh masih keneh teu acan
> ka
> > sanggakeun ka kang 
> > mahfud margi nuju di jug-jug ka cirebon suwung,
> > teras kamari kaping 31 
> > Des 2004 di jugjug ka panganjrekkan nana nu di
> > legoa- Koja oge suwung 
> > saur na teh tos ngalih ka daerah warakas, margi
> > kamari teh tos wengi 
> > janten weh teu iasa ngajug-jug langsung ka warakas
> > da saurna teh daerah 
> > etamah werit pisan, ayeuna artos eta di cepeng ku
> > kang Akos, hapunten 
> > baraya US jakarta teu acan iasa masihkeun amanah
> nu
> > ditampi ku US 
> > Jakarta  ka nu hak na.
> > 
> > AYA BARAYA ANU DI DAERAH WARAKAS, NU TIASA
> > NGABANTOSAN NYANGGAKEUN TALI 
> > ASIH US KA KANG MAHFUD?
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile
> phone. 
> http://mobile.yahoo.com/maildemo 
>  


________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" 
your friends today! Download Messenger Now 
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke